Emansipasi dina Perspektif Wanoja Kiwari

Nu kumaha ari nu disebut emansipasi téh? Harga diri nu dimurah-maréh dirurujit? Atawa rupa-rupa kasus penyiksaan jeung pelecehan nu dialaman ku para Tenaga Kerja Wanita (TKW) Indonesia? Nu kitu? Kajadian-kajadian modél kitu téh jadi hiji bukti yén sabenerna mah nu ngaranna emansipas téh ngan aya dina alam pangimpian.
Naha ku ayana emansipasi éta, Dewi Sartika –saurang inohong wanoja Sunda nu ngadegkeun Sakola Kautamian Istri– miharep wanjoa-wanoja Sunda sangkan jadi palacur nu ngadagangkeun awakna? Atawa jadi TKW nu naringgalkeun kulawargana di nagri deungeun? Henteu. Lain, lain kitu konsép emansipasi nu sabenerna mah. Wanoja kiwari geus salah kaprah dina ngama’naan éta emansipasi.
Salah kaprah para wanoja kiwari dina ngama’naan éta emansipasi, katambah ku leupas tanggungjawabna salaki ka nu jadi pamajikanana, ahirna ku peta modél kitu téh ngahasilkeun prakték prostitusi nu kacida sohorna di Jawa Barat. Tiap minggu, tamu-tamu ngahajakeun ngajugjug Tanah Parahyangan ngadon “jarajan”. Ti mimit hotél béntang lima tepi ka kelas rumahan siga di sapanjanag Jalan Pantura, kabéh sadia di Tanah Sunda.
Kitu deui nu jaradi TKW. Wanoja Sunda nu ahirna kudu setor nyawa ka nagri deungeun. Kasus TKW asal Karawang Dede jeung Cati, ti Sukabumi, Cucu Hardiyanti, Indramayu, Darinih, jeung Nurjamilah ti Bogor, sarta kasus penyiksaan-penyiksaan TKW lianna. Maranéhna kapaksa ngalacurkeun dirina taya lian ku kapaksa alatan ekonomi nu handap. Katambah paham emansipasi nu nyaruakeun harkat darajat wanoja nu ngalantarankeun maranéhna milu néangan nafkah keur kulawargana.
Lian ti faktor interen éta, faktor séjénna nyaéta ketak pamaréntah nu teu pati madulikeun ieu hal. Gajih nu gedé di nagri deungeun sarta héséna néangan gawé di nagri sorangan, ngalantarankeun maranéhna luluasan arindit ngadu harepan ninggalkeun anak jeung salaki. Faktor nu satuluyna nyaéta “doktrin” pahlawan devisa nu geus jadi pangbibita keur para wanoja kiwari sangkan maranéhna daék indit ngalumbara ninggalkeun kawajiban utamana ngadidik anak. Beuki loba nu jadi TKW, beuki loba duit nu asup kana kas nagara, pemasukan tina ladang wanoja-wanoja kiwari nu ngadon “ngababu” di nagri deungeun.
Nempo kaayaan siga kitu, nu jadi salaki ngan ukur bisa pasrah. Maranéhna kangeunahan ku duit bulanan nu teu reureuh ngalir, ladang tina boborot késang nu jadi pamajikan. Maranéhna bener-beenr dimanja-keun ku gajih nu leuwih gedé, ti batan gajih di ieu nagri nu handap kacida. Tugas nagdidik anak ogé robah jadi kawajiban lalaki. Matak pantes upama didikanana teu sahadé dididikan nu didasaran ku kanyaah Indungna sorangan. Kacida!
Upama Dewi Sartika masih kénéh aya, pasti anjeunna sumegruk nyaksian kaayaan wanoja kiwari. Spirit emansipasi nu ditaratas ku Anjeunna sangkan mampuh ngangkat harkat darajat wanoja Sunda geus disalah hartikeun. Anjeunna teu miharep wanoja Sunda néangan nafkah sorangan ku cara ninggalkeun anak ninggalkeun salaki, jadi TKW di nagri deungeun, tapi Anjeunna leuwih miharep wanoja Sunda bisa pinter tur parigel dina ngadidik anak-anakna sorangan.
Dewi Sartika leuwih miharep para wanoja Sunda sangkan bisa jadi guru nu hadé keur anak-anakna tinimbang jadi “babu” di nagri deungeun. Sakola jeung atikan nu luhur wanoja Sunda kiwari, sakuduna dilarapkeun keur ngadidik anak-anakna ku didikan nu hadé, didikan nu mampuh ngajadikeun anak-anakna jadi jalma guna, nu salawasna teu weléh babakti ka agama jeung ka lemah cai.
Tengetan geura ieu rumpaka nu ngagambarkeun sakitu mulyana cita-cita Dewi Sartika nu dijudulan Dewi Sartika, jasana R. Machjar Angga Koesoemadinata;
Jasa-jasa Radén Déwi
Teras nyebar teras mencar
Nyaangan nagara jaman
Jadi obor para ibu
Enggoning ngatik para putra
Sangkan jadi warga guna
Nu ngajungjung lemah cai
Geus sakuduna wanoja kiwari kahudang ku éta rumpaka. Maranéhna kudu ngarti tur surti kana ma’na emansipasi nu sabenerna. Emansipasi nu ditaratas Dewi Sartika, Kartini sarta inohong wanoja lianna tangtuna lain mangrupa gerakan pemberontakan ka lalaki, tapi hiji perlawan budaya feodal nu teu méré kabébasan ka kaum wanoja, keur nangtukeun nasibna sorangan, sarta mangrupa perlawanan kana sagala bentuk diskriminasi wanoja.
Wanoja kiwari geus sakuduna nyukcruk sajarah lahirna gerakan penyetaraan hak wanoja; emansipasi. Paham emansipasi mangkat tina baruntakna wanoja jaman baehula kana penjajahan budaya “kolot” nu ngarugikeun kaum wanoja. Ku kakeyengan sarta kasumangetan para inohong wanoja nu hayang ngangkat harkat darajat wanoja, ahirna ngadeg Sakola Kautamian Istri.
Mun geus maham kana hakékat emansipasi nu sabenerna, sarta geus maham kana sajarah lahirna emansipasi éta, para wanoja Sunda bakal saringkil neruskeun deui perjuangan Dewi Sartika dina hal baruntak kana penjajahan: kamiskinan. Sumanget Dewi Sartika éta bener-bener kudu diturutan ku sakabéh wanoja kiwari, sangkan teu daraék deui ngarurujit manéh lantaran kamiskinan sarta nyiksa diri ku cara jadi “babu” di nagri deungeun. *Pinunjul kahiji, Pasanggiri Nulis Esey BEM Hima Pensatrada.

Komentar