CARITA WAYANG MATERI KELAS XII

 

CARITA WAYANG

Carita wayang téh carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Asalna ti India, kalayan sumberna tina Ramayana karya Walmiki jeung Mahabarata karya Wiyasa (Viyasa). Asupna carita wayang ka tanah Sunda téh bareng jeung asupna agama Hindu. Di Tatar Sunda, carita wayang sumebarna sacara lisan tuluy ditulis
dina naskah-naskah kuno jeung wawacan. Mimiti aya pagelaran wayang kulit téh lantaran pangaruh ti Jawa, tuluy urang Sunda nyiptakeun wayang golék (gelung) nu populér.

Carita wayang téh sumebarna tina épik Ramayana jeung Mahabrata. Disebut épik téh lantaran ditulisna dina wangun puisi panjang nepi ka mangrébu-rébu pada (bait). Sacara ringkes, épik Ramayana nyaritakeun lalampahan Rama, Raja Ayodya. Hiji Mangsa nalika Rama, Déwi Sinta jeung Lesmana keur lalampahan di leuweung, Rahwana (Dasamuka) nyieun tipuan pikeun nyulik Sinta. Sinta diculik ku Rahwana dibawa ka Alengka. Rama kacida murkana tuluy ngutus Anoman ka Alengka. Anoman bisa kabur bari ngaduruk Alengka. Kusabab Rahwana keukeuh embung mulangkeun Sinta. Antukna Rama nyerang ka Alengka dibantuan ku pasukan wanara (monyét) ti Kriskenda. Kabéh pangagung Aléngka palastra kaasup Rahwana.

Ari Mahabarata mah nyaritakeun Baratayuda, hartina perang Brata atawa Barata. Perang sadulur antara teureuh Brata nyaéta Pandawa jeung Kurawa. Éta perang dilantarankeun ku parebut tahta Karajaan Astinapura warisan ti luluhurna. Pandawa téh putra Pandu Déwanata, rai Prabu Déstarata. Ari Kurawa mah putra Déstarata ti Dewi Gindari. Nalika Prabu Pandu pupus, tahta karajaan dicekel ku Prabu Déstarata lantaran putrana can déwasa. Tapi, sanggeus putra Prabu Pandu déwasa, tahta karajaan malah dibikeun ka putrana, Duryudana.

Putra Prabu Pandu terus dilicikkan tepi ka hirup di tengah leuweung. Hiji mangsa putra Prabu Pandu balik deui ka karajaan sarta ménta satengah bagian ti nagarana saperti nu geus dijangjikeun ku Duryudana. Tapi Duryudana jalir jangji, tepi ka lumangsung perang sadulur di Kurusétra. Pandawa dibantuan ku Batara Kresna, nu ahirna bisa ngéléhkeun Kurawa. Antukna, Prabu Yudistira mingpin karajaan Astinapura.

*Dicutat tina Buku Rancage Diajar Basa Sunda Kelas XII

Komentar