WANDA (JENIS) DONGENG

 

MIKAPAHAM JENIS-JENIS DONGÉNG

 

1.        Fabél

Dongéng nu eusina nyaritakeun sasatoan. Conto-conto judul dongéng sasatoan Sunda di antarana; Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Maling Cabé, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau, Sakadang Monyét Maok Suling Sakadang Kuya, Sakadang Kuya jeung Sakadang Maung Silih Duruk, Sakadang Kuya Ngagandong Imahna, Sakadang Peucang Keuna ku Leugeut, Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup, Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong, Sakadang Maung Kagucak Ku Cucuk Landak, jsb.

 

2.        Parabél

Dongéng nu eusina nyaritakeun kahirupan sapopoé jalma biasa. Contona waé; Dongéng Ki Jana-Ki Jani, Dongéng Hihid Kabuyutan, Si Kabayan Ngala Tutut, Si Kabayan Ngala Nangka, Si Kabayan Ngala Roay, Si Kabayan Moro Uncal, Si Kabayan Meuleum Lauk, S.K Ngadeupaan Lincar, jsb.

 

3.        Sasakala

Dongéng nu eusina nyaritakeun asal-usul hiji tempat, di antarana waé: Sasakala Gunung Tangkuban Parahu, Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Talaga Warna, Sasakala Gunung Gajah, Sasakala Ratna Inten Déwata, Sasakala Cika-Cika. Di Cianjur, sawatara dongéng sasakala di antarana; Sasakala Hayam Pelung, Sasakala Kuda Kosong, Sasakala Béas Pandanwangi, Sasakala Lembur Sabandar, Sasakala Kampung Sodong, Sasakala Leuwi Batok jeung Asal-Usul Cianjur, Sasakala Ciguriang, Sasakala Cikalong, Sasakala Gunteng, Sasakala Pasir Panglay, Sasakala Hegar Manah, Sasakala Gang Laksana, Sasakala Kampung Samolo, Sasakala Kampung Warung Jambu, Sasakala Rancagoong, Sasakala Lembur Cimaja, jsb.

 

4.        Mite

Dongéng nu eusina nyaritakeun hal-hal gaib kayaning déwa-déwi, lelembut, jurig, siluman, jin, danyang, bunian, gumelarna alam/tempat, jeung sajenisna. Conto judul-judul dongéng gaib Sunda di antarana: Leuwi Onom (Ma Onom), Sanghyang Dangdang Sri (Déwi Sri), Éyang Suryakancana, Lutung Kasarung,  jsb

 

5.        Babad

Babad nya éta dongéng anu ngandung unsur sajarah ngeunaan hiji tempat, palaku atawa kajadian, tapi masih kudu ditalungtik deui ajén bebeneran sajarahna. Conto judul-judul Dongéng Babad Sunda: Babad Galuh, Babad Pakuan, Babad Sumedang, Babad Siliwangi, Babad Kéan Santang, Babad Cikundul, Babad Sukamulya-Kuningan, Babad Pajajaran, jsb.

 

(Dicutat tina sababaraha sumber)

Komentar

Posting Komentar