ESTETIKA DRAMA

BAB I
BUBUKA


1.1  Kasang Tukang
Drama mangrupa hiji seni nu sok disebut multiseni. Sabenerna teu kaleuleuwihi mun disebut kitu ogé. Sabab dina drama, kasampak sababaraha seni séjénna saperti seni tari, musik, dékorasi atawa arsiték jsb. Kamekaran drama Sunda teu sakolot drama nu mekar di Yunani. Drama basa Sunda dipikanyaho kira-kira dina abad ka-11 jauh pisan jeung drama Yunani nu geus aya ti abad saméméh maséhi. Geus diebutkeun yén drama téh hiji seni, nu tangtu aya niléy atawa ajén ététisna boh tina carita, tokoh , atawa artistikna.
Monolog, mangrupa salasahiji téhnik mintonkeun drama ku saurang aktor. Kiwari drama monolog geus jadi hiji hal nu biasa dipintonkeun boh dina drama modérn boh tradisional. Dina drama monolog, aktor kudu leuwih rancagé deui dina nepikeun amanat lakon nu dibawakeun ka panongton, sabab dina drama monolog tangtu aya hl-hal nu leuwih hésé tinimbang drama séjénna. Diantarana euweuh bababturan maén, sarta amanatna kudu ditepiekun ku sorangan.
Sim kuring saparakanca, baris mintonkeun drama monolog ngadaptasi tina carponna Kang Hadi AKS, kalayan judul oknum. Éta carpon téh boga hal nu matak ngirut nu maca, sabab caritana dicokot tina kahirupan nyata sarta leubeut ku amanat. Saréngséna dipintonkeun, tuluy rék dianalisis dimana sisi éstétisna éta pintonan drama kalayan pamarekan téori-téori éstétika sarta disawang numutkeun aliran-aliran éstétikana.

1.2  Rumusan Masalah
Dumasar kana kasang tukang diluhur sarta supaya teu lega teuing ambahanna, rumusan masalah nu rék dibahas dina ieu makalah nya éta:
1.      Naon ari nu disebut seni drama sarta hal-hal nu pakait jeung drama éta ?
2.      Kumaha ajén éstétika tina éta drama monolog nu judulna oknum ?
3.      Kumaha carana sarta téori-téori nu dipaké dina ngajén pintonan drama ?
1.3  Tujuan Analisis
Analisis kana drama monolog oknum miboga tujuan diantarana:
1.      Mikanyaho kana ajén éstétis tina seni drama
2.      Mikawanoh drama katut hal-hal nu pakait jeung dramana éta sorangan
3.      Téori-téori nu dipaké dina ngajén pintonan hiji drama

4.      Mangpaat Analisis
Mangpaat anu dipiharep tina ieu analisis drama monolog oknum nya éta:
1.      Bisa apal kana téori-téori nu dipaké dina ngajén pintonan hiji drama
2.      Bisa apal ajén éstétis tina hiji carpon nalika geus diangkat jadi hiji pintonan drama.
3.      Bisa ngaaprésiasi drama séjén, kalayan ngagunakeun téori-téori éstétika nu geus didarkeun.

1.4  Métode Analisis
Métode anu digunakeun dina ieu analisis drama monolog oknum nya éta telaah pustaka.












BAB II
KAJIAN PUSTAKA


2.1  DRAMA
2.1.1        Wangenan  Drama
Drama mangrupa  salasahiji  cabang tina kesenian saperti seni rupa, seni musik, seni tari jeung seni sastra. Di antara cabang-cabang kesenian éta, seni sastra raket patalina jeung seni drama. Sacara etimologis, drama asal kecapna tina basa Yunani Kuno draomai anu hartina gerak. Satuluyna wangenan éta mekar (dina masa Aechylus, 525 – 456) jadi hiji kajadian, risalah, atawa karangan. Drama hartina dialog dina wangun puisi jeung prosa kalayan katerangan laku (Putu Wijaya dina Teater).
Wangenan drama numutkeun sababaraha ahli diantarana:
a)      Moulton nétélakeun yén drama téh mangrupa kahirupan nu di"gambarkeun ku gerak.
b)      Brander Mathews nétélakeun yén drama nya éta  konflik tina sifat manusa anu  mangrupa sumber poko drama.
c)      Balthazar Verhagen ngébréhkeun yén drama mangrupa kasenian anu ngagambarkeun sifat jeung  sikep manusa ku  gerak.
d)     Iskanarwassid (1996: 32)  ngébréhkeun yén carita drama nya éta karangan sastra anu  medar hiji carita atawa lakon ngaliwatan dialog anu diperankeun ku para pamaén (aktor) dina hiji pagelaran.

Dumasar kana sababaraha definisi drama di luhur bisa dicindekkeun yén drama nya éta lalakon  kahirupan manusa anu dipagelarkeun dina hiji panggung ngaliwatan media dialog, gerak, jeung tingkah laku dumasar naskah tinulis (minangka hasil sastra) kalayan maké musik, kakawihan, atawa tarian anu bisa disaksikeun ku panongton.

2.1.2        SAJARAH JEUNG KAMEKARAN  DRAMA BAHASA SUNDA

a.      Drama Tradisional
Nurutkeun para sejarahwan, drama bahasa Sunda teu sakolot drama nu mekar di Yunani. Malahan, drama anu masih primitif ogé kakara aya dina abad ka-11, saluyu jeung zaman Prahadyan Sri Jayabupati, nu kasohor Raja Sunda.  Patilasan tinulis dina basa Sunda kuno nya éta Carita Parahyangan anu ditulis dina taun 1570 jeung naskah Siksa Kandang Karesian anu ditulis dina taun Saka 1440. Kira-kira  taun 1518 M, euweuh katerangan ngeunaan éta drama.
Kamekaran drama di Bali masih mertahankeun drama tradisional nu primitive, contona waé drama Calon Arang. Drama di Bali leuwih raket patalina jeung kaagamaan nya éta agama Hindu Dharma, nu sok maké topéng-topéng nu pikasieuneun jeung tarian-tarian ritual anu miboga fungsi  pikeun nolak bala. Diperkirakeun drama tradisional anu primitif di Jawa Barat teu béda jauh siga kitu, sok sanajan meureun leuwih basajan.
Dina abad ka 18 aya pangaruh sastra lisan drama jenis wayang, contona waé geus aya wayang Iilingong (klitik), asalna ti Cianjur Kp. Pasir Gombong, Desa Sukamanah, Pacet. Numutkeun sajarahna, ieu wayang Iilingong diciptakeun ku Kiddin, Kamin jeung Rati, tilu jalma urang Bali anu jadi buron tug lumpat ka Cianjur. Mimiti dijieunna tina seludang mayang, satuluyna Dalem Wiratanudatar ka III anu jadi Bupati Cianjur ka irut ku éta pintonan sarta tuluy ngahadiahkeun tilu lambar kulit munding pikeun dijieun wayang. Dina mintonkeunnana, maké sasajén jeung dibarengan  ku rajah  nalika bubukana. Diantara lakonna nya éta: Tambakan, Dermada, Wanda Girl, Mupu Kembang, Tigasan, Sinduraja, jeung Sandekala (husus pikeun ruatan).
Salian ti wayang Iilingong, drama tradisional anu mekar sabada abad  ka 18 leuwih loba deui. Drama téh sifatna konvensional dina tradisi lisan, jenisna nya éta Ubrug, anu mekar di Banten jeung Tangerang, Longsér nu mekar di daérah Bandung, Topéng Cisalak mekar di daerah perbatasan Bogor-Jakarta, Ronggéng Gunung ti Pangandaran (Ciamis), Jipeng, Betok sarta Gekbreng ti Sukabumi, Topeng Banjét mekar di Karawang, Bekasi nepi ka Indramayu. Di Cirebon aya Topéng Cirebon jeung Réog Cirebon nu satuluyna muncul Tarling di Indramayu.


b.      Kamekaran Drama Semi Tradisional
Di Indonesia mekar sajenis drama anyar minangka  pangaruh ti drama Barat anu disebut komidi stambul. Drama anyar ieu téh disebut ogé sandiwara atawa tunil. Tunil nya éta pangaruh ti seni drama basa Walanda “toneel”.  Sandiwara sunda dina awal abad dua puluhan geus kagolong drama transisional alatan sok sanajan make text-play tapi geus meunang ngaropéa. Salian ti ayana script pikeun pedoman, ogé geus meunang ngasederhanakeun, contona teu maké tarian husus nalika bubuka tapi langsung kana babak  carita, unsur lawak dikurangan, iwal ti jenis komédi, selingan antara babak jeung lawak, nyanyian, tarian saperti dina longsér atawa banjét tardisional dikurangan atawa bisa ogé dileungitkeun. Peran sutradara leuwih jelas alatan script nu dijadikeun pedoman. Improvisasi anu dilakukeun ku pamaén diwatesanan.

c.       Kamekaran Drama Modern
Anu dimaksud drama modern nya éta seni drama anu geus nerapkeun cara-cara anyar, boh dina panyusunan naskah atawa dina pintonanna. Naskah anu disusun umumna geus maké patunjuk nu lengkep nya éta: dekorasi panggung, gerak pamaén, jeung operasional kalengkepan pementasan. Jadi,  ieu pintonan geus husus maké pedoman text-play, dilakukeun di teater tertutup, durasi waktuna leuwih sakeudeung.
Numutkeun Tedi Muhtadin, dosen di UNPAD Bandung, taun 1923 bisa dianggap minangka tonggak lahirna drama anu tinulis éta, alatan dina taun éta lahir hiji naskah lakon anu judulna Lutung Kasarung karya Kartadibrata. Drama modern basa sunda anu tinulis éta, make sababaraha wangun nya éta prosa, prosa lirik tina sajak. Anu sajak utamana maké wangun pupuh, nu séjénna mangrupa sisindiran, kawih jeung sajak. Dina pementasan drama pantun, aya nu maké puisi papantunan nya éta sajenis puisi klasik anu aya dina carita pantun. Drama nu disusun dina puisi pupuh biasa disebut gending karesmen.

2.1.3        Unsur-Unsur Drama
        Saujratna mah, drama téh mangrupa seni kolektif. Drama mangrupa gabungan tina seni musik, seni laku, seni sora, seni tari, seni sastra sarta seni gamelan. Drama mangrupa cabang seni audio visual anu didukung ku sababaraha unsur, nya éta:
a.       Unsur ide. Unsur ide mangrupa unsur nu kacida penting dina ngamimitian hiji helaran. Ieu unsur bisa mangrupa plot carita nu ditepikeun langsung ku pamaén atawa dituliskeun ngaliwatan naskah.
b.      Unsur tempat. Tempat atau panggung bisa ngawatesaide-idkasempetan pikeun focus dina hiji tempat, nya éta panggung.
c.       Unsur penonton. Panongton boga kalungguhan nu sarua pentingna dina peméntasan hiji drama. Panongton mangrupa unsure nu sarua pentingna jeung unsure pamaén.

      Sajabaning ti unsure-unsur diluhur, aya ogé nu ngébréhkeun drama leuwih écés deui, nya éta:
A.    Tokoh
Tokoh nya éta salasahiji unsur drama nu digunakeun ku pangarang pikeun ngébréhkeun peristiwa atawa kajadian dina wangun plot, konflik, ide, struktur, lakon, setting sarta tema.
1.      Jenis-jenis tokoh:
A.    Protagonis, nya éta tokoh utama nu dicaritakeun dina lakon
B.     Antagonis, nya éta tokoh nu jadi lawan tina tokoh protagonis
C.     Deutragonis nya éta tokoh nu aya dipihak protagonist, tapi fungsina teu sapenting protagonis.
D.    Foil nya éta tokoh nu aya dipihak antagonis, tapi teu boga fungsi nu sapenting antagonis.
E.     Confidant nya éta tokoh nu jadi sasaran utama dina nepikeun pamadeganna protagonis atawa antagonis, éta pamadegan umumna teu bisa dipikanyaho ku tokoh séjénna.
F.      Raisonneur nya éta tokoh nu jadi alat atawa media pangarang dina nepikeun amanatna ka panongton.
G.    Utility nya éta tokoh nu miboga fungsi pikeun ngalakukeun sarupaning hal-hal leutik, saperti muka panto, ngirim surat jsb.

B.     Peristiwa
Peristiwa mangrupa salasahiji unsur drama nu digunakeun ku pangarang  pikeun nepikeun watak para tokoh. Peristiwa nya éta kalakuan atawa adegan tokoh nu aya dina hiji lakon boh paguneman, boh gerak-gerik nu bisa ngarangsang tokoh séjénna sangkan nyieun hiji adegan anyar.
1.      Jenis-jenis peristiwa dina lakon:
a.                  Peristiwa awal nya éta peristiwa nu masih aya dina kerangka.
b.                  Peristiwa pertengahan  nya éta peristiwa anu boga tujuan ngamekarkeun lakon ku pertentangan antara tokoh protagonis jeung antagonis.
c.                   Peristiwa ahir nya éta peristiwa anu ngajelaskeun pertentangan-pertentangan serta ngahadirkeun sarupaning ajén inajén.

C.    Plot
Plot nya éta hubungan hadirna peristiwa nu hiji ka peristiwa nu  séjénna, atawa adegan nu hiji ka adegan nu séjénna dina hiji lakon.
D.    Setting
Setting nya éta kasang tukang ngeunaan waktu kajadian atawa jaman, tempat kajadian, sarta cara hirup hiji lakon.


E.     Konflik
Konflik nya éta pertentangan antara dua tokoh atawa leuwih. Konflik jadi hiji kaniscayaan dina unggal lakon sabab ngadatangkeun hiji ajén tina lakon.

F.     Tema, ide, premis, gagasan
1.      Tema nya èta judul aksi atawa kaayaan, nu terus jadi patokan nepikeun ka bérésna hiji lakon.
2.      Ide nya èta pikiran pangarang nu dikarakteristikeun ka tokoh-tokoh.
3.      Premis nya èta pendapat / pamadegan pangarang nu disimpulkeun ngaliwatan peristiwa ahir nu aya dina lakon.
4.      Gagasan nyaèta anjuran atawa ajakan pangarang ka panongton.

G.    Dialog, Monolog, Soliloqui, Aside
1.      Dialog nya éta paguneman antara dua tokoh atawa leuwih.
2.      Monolog nya éta lakon nu dijieun ku pangarang husus dibawakeun ku saurang aktor.
3.      Soliloqui nya éta obrolan eusi hate hiji tokoh.
4.      Aside nya éta obrolan hiji tokoh diantra obrolan tokoh séjénna.

2.1.4        Bagbagan Drama

A.    Saperti dina genre fiksi, dumasar kana panjang pondokna carita, drama ogé dibagi jadi dua:
1.      Drama panjang nya éta drama nu biasana kawangun tina tilu-lima babak.
2.      Drama pondok nya éta drama nu diwangun dina sababak, sok disebut ogé drama sababak.

B.     Dumasar kana sifatna:

a.      Komedi, nya éta drama nu dipungkas ku kabungahan panongton nu ngarasa dihibur, biasana dina adegan-adeganna loba adegan nu pikalucueun.
b.      Tragedi, nya éta carita drama nu dipungkas ku suasana sedih. Biasana tokoh utamana ngarandapan kaayaan nu nyababkeun sedih, kuciwa, malahan nepi ka maot. Peristiwa atawa kajadian nu aya dina ieu drama disebut kajadian tragis.
c.       Tragikomedi, nya éta drama nu eusina nyaritakeun suasana sedih campur bungah. Panongton kadang-kadang sedih jeung kadang-kadang bungah. Di ahir carita biasana tragis, atawa bisa ogé pikabungaheun.
d.      Melodram,. Ieu drama loba mintonkeun carita dina wangun patalékn, sakedik pisan dialogna.
e.       Farse (farce), Drama nu sifatna ngan lelucon, tingkahlaku pamaénna karikatural, tapi tetep aya flot carita sanajan leuwih deukeut kana unsure ngabanyolna. (Racikan Sastra ).

C.     Dumasar kana pintonanna:
a.       Longsér
b.      Ubrug
c.       Topeng banjét
d.      Ronggéng gunung
e.       Jipeng
f.       Betok
g.      Gekbreng
h.      Réog Cirebon
i.        Ketoprak
j.        Wayang
k.      Tarling
l.        Sandiwara
m.    Pantomim
n.      Langenswara
o.      Drama radio
p.      Gending karesmén

D.    Dumasar kana eusina:
Dumasar kana eusina, drama kabagi jadi drama prosa, puisi, sajak, kawih, sisindiran, jsb.

E.     Dumasar kana wangunna, dibedakeun jadi drama lisan jeung drama tulisan.

2.2  ESTETIKA
2.2.1        Wangenan Estetika
Sacara umum éstétika dihartikeun cabang filsafat anu aya patalina jeung gejala kaéndahan di alam  jeung seni. Éstétika asalna tina basa Yunani Aisthetika nu hartina hal-hal nu bisa diserep ku panca indera. Inohong nu munggaran ngawanohkeun ieu istilah nya éta  Alexander Baumgarten (1714-1762) nu nuluykeun pamadegannana Cottfried Leibniz (1646-1716). Éstétika béda jeung filsafat kaéndahan, sabab éstétika lain samata-mata jadi pasualan filsafi. Dijerona aya patalina jeung bahasan ilmiah aya ogé nu patalina jeung karya seni, sahingga mangrupa lingkup bahasan ilmiah.



2.2.2        Aliran-Aliran Estetika
Sacara gurat badag, aliran estetika bisa dipasing-pasing siga dihandap:
1.      REALISME
Mangrupa aliran seni anu ngutamakeun realitas kahirupan. Aliran realis mangrupa lawan tina aliran imajis. Nu ditepikeun ku para seniman realis mangrupa hal-hal anu nyata.
2.      SURREALISME
Aliran nu ngagungkeun kabéasan kreatif jeung imajinasi nepika hasilna antilogika jeung antirealis. Aliran surrealisme leuwih deukeut ka aliran absurdisme tibatan ka aliran realisme. Bisa disebutkeun yén surrealisme ngaleuwihan realis, atawa béh dituna realis. H.B. Jassin ngébréhkeun yén “Surrealisme ngabalukarkeun hasil karya seni jadi hésé pikeun dipaham, logika teu jalan, sarta hésé pisan keur dijelaskeunna deui.
3.      ABSURDISME
Aliran nu ngagaungkeun hal-hal diluar logika, imajinatif, tina alam bawah sadar. Seniman nu maham ieu aliran saliwat mah siga ngaaya-aya, ngahaja nyimpang tina pola kahirupan.
4.      ALIRAN ROMANTIK
Sastra romantik dicirian ku ayana sifat-sifat asli, alam nu masih asri. Ieu aliran ngawengku cirri-ciri: kasedihan, sarta kasimpéan.



2.2.3        Teori Pemahaman Estetika

      1. Téori pemancaran diri (Empathy)
Istilah Einfuhlung dina basa Jerman ditarjamahkeun dina basa Inggris jadi Empathy atawa feeling into, istilah séjénna nya éta  introjection, autoprojection jeung simbolyc sympathy anu hartina  ngarasakeun diri sorangan kana hiji perkara. Dina prinsipna mangrupa hiji teori ngeunaan pemancaran diri sorangan kana barang éstétis. Nalika urang keur neuleuman carita, teu ngan saukur wanoh tapi ngarasakeun ngilu  ngarasakeun langsung dina éta carita (The Liang Gie, 1976 : 54 dina Pengantar Estteika).
Empati mangrupa pangalaman dina peleburan perasaan (emosi) panitén ngeunaan barang seni.  Kalayan peleburan perasaan sacara nyosok jero bisa nepi kana jiwa (sacara psikis) jeung asup kana kualitas ekstrinsik jeung intrinsik seni.

2. Teori jarak kejiwaan (Psychical Distance)
Teori ieu dimekarkeun ku Edward Bullough dina tulisan  nu judulna “Psychical Distance as a factor in Art and aesthetic Principle”. Numutkeun Bulough, jarak psikis euwuh patalina jeung jarak fisik, nya éta jarak nu ditangtukeun ku ruang jeung waktu, sanajan jarak éta bener aya. Nu dimaksud “psychic distance” (jarak psikis) nya éta tingkat ilubiung pribadi atawa self involvement. Panitén kudu objektif, hartina kudu bener-bener jauh tina faktor pangaruh. Anapon hal-hal nu mangaruhannana diantarana segi manfaat atawa kagunaan barang seni/kualita materialna, jeung kabutuhan subjek kana objek.







2.2.4        Estetika Drama
Kaéndahan atawa ajén éstétik dina drama nya éta:
a)      Kaéndahan lakon atawa carita
Nu kaasup kaendahan lakon nya éta kaéndahan struktur caritana, kaéndahan poko pasualana katut cara-cara ngungkulanana, Sarta kaéndahan poko-poko pikiran atawa ajén-inajén anu aya dina lakon.
b)      Kaéndahan pemeranan
Anu di maksud kaéndahan pemeranan lain hartina peranna alus atawa ngeunah dirasakeun, tapi pemeran (actor/aktris) bisa mawakeun hiji peran kalayan professional.
c)      Kaéndahan penataan artistik
Nu dimakud ku kaéndahan penataan artistik téh lain éndah nu saujratna, tapi aya harmonisasi tina éta penataan.
















BAB III
ANALISIS ESTESTIKA DINA DRAMA MONOLOG “OKNUM”

3.1       Sinopsis Carpon “Oknum”
Uhén, lalaki umur 25 taun ditéwak sarta dibui ku patugas. Manéhna keukeuh teu kapikir naha bet manéhna bisa dibui, sarta disebut oknum. Beuki hayang apal naon salahna, beuki lila ogé prosés pamariksaan manéhna di kantor pulisi. Manéhna dihijikeun di sél (tapol) atawa tahanan politik jeung nu séjénna. Saprak asup kana sél,geus jadi kabiasaan di panjara  tahanan séjénna téh pada hayang apal kajahatan naon anu geus dipilampah. Nepika ahirna Uhen nyaritakeun asal-muasal manéhna dibui sarta disebut oknum ka tahanan séjénna.
            Harita téh isuk kénéh kuring geus biasa tuturubun ka buruan rék nyapukeun runtah siga siga sasari. Harita mah bet béda, runtah nu balatak di buruan téh bet kertas hungkul. Srak.. srak.. disapukeun, dihijikeun jeung runtah séjénna sarta tuluy diduruk dijuru buruan. Teuing aya naon jeung kertas nu diduruk ku kami téh nepikeun ka kami dituduh oknum ?, padahal éta kertas biasa lain gambar nu ceuk maranéhna keukeuh neugtreug nuding éta hiji gambar. Salianti éta, kami téh teu masangkeun bandéra siga batur, tapi da lainna kuring teu ngahargaan kana poé kamerdékaan, tapi kuring teu boga duit keur meulina. Atuh, disebut ogé kuring oknum nu sok nyangsarakeun rahayat. Nu pamungkas, kuring téh dibéré nginjeum bandéra ku pihak désa téh, sarta kudu dibalikeun deui mun geus bérés éta acara agustusan. Demi Alloh, kami mah teu pisan-pisan aya niat goréng meuleum éta bandéra, tapi éta bandéra bener-bener rag-rag ku sorangan kana durukan runtah, tuluy ku kami gancang dickot éta bandéra nu kari sapotong téh. Tah, keur kitu pisan dating rahayat, sarta nuding kuring oknum nu geus kumawani ngaduruk bandéra.
            (Sanggeus saminggu di panjara, Uhen balik deui ka imahna dibawa kana mobil ambulan bari jeung teu apal naha masih ngarénghap atawa geus tilar).
3.2       Estestika Drama Monolog “Oknum”

a)      Kaéndahan lakon atawa carita.
Carita nu dibawakeun kaasup carita tragedi  nu eusina teu  jauh  jeung kahirupan sapopoé. Pasualan atawa konflik kacida karasa sarta hirup nalika tokoh Uhen ngarandapan pasualan-pasualan  nu  justru beuki ngadukunug  kana tudingan batur ka manénhna salaku  oknum. Ajén-inajén  nu  kasampak tina éta carita nya éta  kumaha  jalma biasa nu teu boga salah  nanaon dituding sata tuluy dibui. Padahal katitén manéhna usaha sangkan jadi warga nagara nu hadé, tapi da kumaha manéhna jalma teu  boga. Para aparat katingali sagawayah dina mutuskeun hiji pasualan, sedengkeun apal sorangan mitnah batur komo jalma leutik téh éta hiji dosa gedé.
b)       Kaéndahan pemeranan
Dina éta drama, lakon nu dibawakeun ku tokoh Uhen bisa gampang nepi dina uteuk panongton. Éta hal alatan temana téa nu geus teu anéh dina kahirupan. Aktor katitén geus lain sakali dua kali mintonkeun hiji drama téh. Bisa katitén tina gestur nu luwes, vokal nu bedas sarta jelas, gestiukalsi nu geus bisa diulinkeun, mimik sarta penjiwaanna nu katémbong merankeun kumaha kaayaan tokohna.
c)      Kaéndahan penataan artistik
Tina sajumlahing properti nu dipaké, aya kaharmonisasian jeung lakon nu dibawakeun. Bandéra mangrupa properti penting sabab éta ngalambangkeun simbol nagara nu teu kahaja kaduruk ku tokoh Uhen, numana leuwih negeskeun deui ka panongton kumaha sabab musabab tudingan oknum ka si Uhen.





                                                          BAB IV
Kacndekan jeung Saran

4.1       Kacindekan
Drama mangrupa hiji karya seni anu ngutamakeun gerak jeung tingkah laku dina mintonna. Saupama euweuh  gerak, teu bisa éta karya seni disebut drama, lantaran unggal-unggal karangan atawa naskah drama miharep ayana gerak atawa réngkak paripolah anu ngagambarkeun kahirupan manusa. Dumasar kana cara mintonkeunna, drama kabagi jadi opat nya éta drama rakyat, modern, klasik, jeung drama sora. Dumasar kana sipatna, aya drama tragedy, komedi, melodrama, jeung farce. Dina tahap nganalisis ajén éstétis tina hiji pintonan drama, panongton atawa aprésiator kudu apal kana tiori-tiorina, nya éta aya tiori pemancaran diri (Empathy) jeung tiori jarak kejiwaan (Psychical Distance).
Ditingali tina caritana, drama monolog nu judulna oknum miboga ajén éstétis nu kasampak nya éta Pasualan atawa konflik nu kacida karasa sarta hirup nalika tokoh Uhen ngarandapan pasualan-pasualan  nu  justru beuki ngadukunug  kana tudingan batur ka manénhna salaku  oknum. Tina sisi penokohan atawa aktor, katémbong ayana gestur nu luwes, vokal nu bedas sarta jelas, gestiukalsi nu geus bisa diulinkeun, mimik sarta penjiwaanna nu katémbong merankeun kumaha kaayaan tokohna. Sedeng tina sisi artistik, ayana  kaharmonisasian antara properti nu dipaké jeung lakon nu dibawakeun.





4.2       Saran
Dina lalampahan salila ngagawéan ieu makalah, Alhamdulillah bisa saluyu jeung nu dipiharep, sarta bisa bérés dina waktuna kalayan sagala kakurangan jeung kaleuwihanana. Sim kuring saparakanca, nyuhunkeun pangdeudeul ti sadayana nu tangtosna pangdeudeul nu sipatna membangun.

























DAFTAR PUSTAKA


Wijaya, Putu. (2007). Teter Buku Pelajaran Seni Budaya. Jakarta: Lembaga Pendidikan Nusantara.
Sony Kartika, Darsono, dan Ganda Prawira Nanang. (2004). Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.
Profesi Guru.Pengetahuan Teater. Bandung : Proyek Pengembangan Institut Kesenian Indonesia Sub Proyek Ani Tari Indonesia Bandung. C Durachman, Yoyo, dan F Sembung, Willy. Bandung: Institut Kesenian Indonesia.
Profesi Guru.Laporan Penelitian Drama Dan Pengajarannya Di Perguruan Tinggi. Bandung : Proyek Operasi dan Perawatan Failitas IKIP Bandung. Kusmiyati Hadish, Yetty, Permana, Ruswendi, dan Nurjanah Nunuy. (1994) Bandung: Fakultas Bahasa dan Seni Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan.
Muelder Eaton, Marcia. (2009). Persoalan-Persoalan Dasar Estetika. Jakarta: Salemba Humanika.




Komentar

  1. Hatur nuhun pisan kang , kabantu pisan kana pangajaran sunda

    BalasHapus

Posting Komentar