NGRITIK TUKANG RUCAH jeung SAMBADA HIMA PENSATRADA



Rupa-rupa cara dilakukeun ku mahasiswa séjén keur ngakritik paripolah pamaréntah nu méngpar tina aturan. Aya nu ngaliwatan media masa (nulis opini, berita jstr) aya ogé nu langsung turun ngayakeun demonstrasi. Ari kuring, dina ieu kasempetan mah ngritik rujadna pariolah pamaréntah téh ngaliwatan drama. Tokoh Tarjo (Walikota) nu resep gawé rucah, kudu diperankeun ku kuring. Béda jeung nu lian nu némbongkeun kateupanujuna kana kebijakan pamaréntah téh k cara demo, kuring mah usaha satékah polah ngagambarkeun kumaha rujadna Si tarjo. 

“Saéstuna nu disebut RUCAH lain ngan saukur ngalacurkeun awak sakujur, tapi sakur pagawéan nu nyangsarakeun rahayat” (Cutatan dialog dina RUCAH)
Carita nu WAJIB dibaca ku para calon wakil rakyat.
"Tarjo, Tarjo. Tétéla geuning Silaing téh angger waé sarakah,"
"Horéng lain kadurukan éta pasar téh, tapi diduruk méh bisa dibangun deui sabab vutuh pencitraan. Jadi curiga kieu euy, mangkaning aya dua pasar nu kahuruan ahir-ahir ieu téh. JAMKESDA –Kaminan Kesehatan Daerah- ogé sarua ngan saukur cara keur ngirut simpati rahayat.
Atuh puguh ari RASKIN –beras miskin- mah, padu aya wé asal masarakat senang. Sakapeung mah teu béda lir huut komo".
Kitu tah diantarana kalakuan bejad Walikota Tarjo téh. Jadikeun eunteung keur urang saréréa, ulah nepi ka salah milih pamingpin nu siga si Tarjo.

Komentar