KASADARAN URANG SUNDA kana BASA INDUNGNA



Rék ngabagéakeun Poé Basa Indung Internasional téh mani raong ti kénca ti katuhu. Lain. Lain ucing nu keur kawin, tapi para nonoman Sunda nu pajar manéh harébat daya nalarna. Nu ngahieng kana ceuli téh diantarana mah nu ngamasalahkeun perkara pentingna ngabagéakeun Poé Basa Indung Internasional. “Keur naon, apal gé henteu,” atawa “Urang mah ngalakukeun hiji hal téh nu karasa butuh jeung dumasar kasadaran pribadi wé,” aya ogé nu boga anggapan “Keur naon, da tara aya pangaruhna ieuh unggal taun ubrang-abring ogé,” siga kitu lah pokonamah.
Mun enya kitu, kungsi kapikiran teu ku urang naha nepikeun ka kiwari masih aya jalma-jalma nu daék ngurus, daék miara basa Sunda, najan tarékah maranéhna bisa disebutkeun lir ngotak-ngatik gerbong karéta nu méh amburadul, sangkan bisa laju deui di rél? Ana dibulak-balik, dibeuweung diutahkeun, ngagoréhél siga kieu jawabanna téh:
a.      Basa Mangrupa Alat Ungkap Kabudayaan
Sing sadar, yén teu sakabéh aspék budaya hiji bangsa bisa kaungkab kalayan pas nalika ditepikeun, didéskripsikeun, ku basa deungeun. Contona nalika ngadéskripsikeun bagian-bagian imah Sunda, geus kabayang kumaha répotna para panarjamah nyusun hiji tuturan nu sarua bobot ma’nana jeung tuturan dina basa Sunda. (Conto: Babancik, Para, Pamidangan, jst). Najan enya, sacara harti bisa aya kecap gaganti nu sarua, ngan sacara “rasana” kumaha? Mangga waé cobian wawancara para panarjamah basa.
b.      Identitas Suku Bangsa
Lamun urang ngumbara ka luar daérah, tangtuna sagala identitas budaya urang bakal dilésotkeun, ditinggalkeun. Kadaharan, pakéan, jeung nu lianna sarua bakal ditinggalkeun, disaluyukeun jeung tempat cicing urang nu anyar. Urang Sumedang, misalna, moal mungkin hayoh waé bisa ngadahar Tahu Sumedang lamun meneran keur ngumbara di Jogakarta, sabab can tangtu aya. Kitu ogé masalah pakéan, moal mungkin hiji jalma maké pakéan ipis nyempring di hiji daérah nu boga iklim dingin. Jadi, hiji-hijina unsur  budaya nu bisa nuduhkeun identitas suku bangsa urang, taya lian; bahasa. Ngeunaan éta hal ogé, Julius Kambarage Nyerere (1922-1999), presiden munggaran Tanzania jeung penerjemah Julius Kaisari (versi Swahili ti Julius Caesar karya William Shakespeare), kungsi nyarita “…belajar dari kebudayaan lain tidak berarti harus melupakan milik kita sendiri.”
c.       Jembatan (Cukang) Antargenerasi 
Teu. Teu kaleuleuwihi upama aya nu nyebut basa daerah (Sunda) mangrupa cukang antar generasi. Mustahil urang apal kana kabeungharan budaya karuhun urang saupama teu apal kana basana. Tong jauh-jauh, nepikeunka ayeuna nu nulis teu apal kana eusi kitab suci Al-Qur’an sabab teu apal basana. Intina, ku makéna basana (Sunda), hartina urang geus maké basa karuhun urang, sarta beuki ngadeukeutkeun jalan urang keur mikapaham kabudayaan karuhun.
d.      Bahasa pengantar di sekolah
Kuring kungsi mikir, naha jaman ayeuna masih kénéh aya jalma nu teu bisa maca, teu bisa nulis. Sanggeus dipikir-pikir, karasa ku sorangan geuning. Nalika diajar basa Inggris keur SMA, kuring teu weléh diwewelan pangaweruh itu-ieu ku guru sim kuring. Ngan hanjakalna, anjeuna teu maké panganteur basa Indung kuring, (Sunda). Antukna, lain ngarti bahasa Inggris, malah murel nu aya da teu ngarti-ngarti acan naon nu diomongkeunana ogé. Tapi ayeuna, nalika diajar deui basa Inggris bari basa panganteurna ku basa Indung sorangan, (Sunda), horéng lumayan aya kelemengna. Tidinya kuring mikir, moal boa jalma-jalma di daérah Papua jeung daérah pedalaman lianna nu nepi ka ayeuna teu bisa maraca jeung nulis oge kitu, lain bodo-bodo teuing, tapi geus murel ti heula ngadéngé basa deungeun?
Najan sakitu jéntréna peran jeung pungsi basa Indung keur urang, ngan tetep wé teu saeutik jalma-jalma deungeun nu tingceletuk maroyok, jeung nyaleungseurikeun kana basa daérah (Sunda). Éta hal dilantarankeun kusabab basa daérah (Sunda) dianggap teu mampuh ngadatangkeun duit kana lokét maranéhna. Béda deui jeung basa-basa deungeun nu dibarutuhkeun dina widang perekonomian jeung pasar kerja. Ngan sing inget! Tina jihat budaya, (kitu ogé mun enya mikacinta budaya), jalma-jalma nu mikacinta budaya bangsana, bakal ngajerit dina jero haténa mikirkeun nasib basa Sunda nu beuki “tersudutkan” dina percaturan kabasaan saperti ku diterapkeunana kawijakan kurikulum 2013.
Lantaran asas mangpaat éta nu jadi dadasarna, matak teu anéh deui mun jalma-jalma nu harayang diajar hiji basa leuwih ti heula mikirkeun mangpaatna (ekonomi) éta basa. Naha basa nu diteuleumanna téh mampuh ngadatangkeun kauntungan matérial keur dirina? Misalna lamun rék diajar basa Sunda atawa Innggris, tangtu bakal dipikirkeun heula basa mana nu bakal leuwih ngadatangkeun kauntungan keur dirina, misalna keur pagawéan manéhna kahareupna. Sabenerna mah sah-sah waé saupama prinsip untung-rugi éta dijadikeun dadasar urang nyukcruk hiji paélmuan, ngan nalika dilarapkeun kana basa, tangtuna bakal ngadatangkeun dampak negatif.
Lamun ieu kabiasaan helaran teu diwariskeun ku urang ka generasi ngora, hartina urang geus megatkeun tali kabiasaan nu geus mangtaun-taun hirup. Kalayan teu sadar, nalar urang geus dililindeuk sangkan narimakeun yén éta helaran téh teu penting deui. Sanggeus kitu, urang moal madulikeun deui warisan budaya sorangan, tapi riweuh nyanggapan budaya deungeun (kaasup pamikiran) bari jeung teu puguh tatapakanana. Ahirna, urang kakalémpohan teu puguh pamuntangan di imah sorangan. Cag!

Komentar