Diajar Nulis (Deui)

Intertékstual Dua Sajak Béda Jaman: 
Akuarium Prayoga jeung Dina Akuarium Rachmat M. S. Karana 

Muka ieu tulisan, kuring rék nyutat heula sababaraha dalil;
            Ka hiji, Teeuw dina salasahiji tésisna mahasiswa Sastra Indonesia, Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) nyebutkeun yén penulisan atawa kamunculan hiji karya sastra mindeng aya patalina jeung unsur kasajarahanana nepi ka ngama’naan éta karya bakal leuwih sampurna saupama matalikeun jeung unsur-unsur kasajarahan nu dimaksud.
Ka dua, masih dina éta tésis, Rachmat Djoko Pradopo nyebutkeun yén metode kritik intertekstualitas, mangrupa metode penelitian sastra ku cara ngabandingkeun, nyaruakeun, jeung ngontraskeun hiji teks transformasi jeung hipogramna.
Éta hal diaminan ogé ku Rifaterre dina bukuna Semiotics of Poetry (1978). Béh dituna deui numutkeun Rifaterre hiji sajak (teks sastra) nu jadi kasang tukang karya sastra nu muncul saanggeusna, disebut hipogram.
Hiji karya sastra nu hakékatna jieunan manusa (objek), tangtuna miboga sifat nu béda-béda gumantung kana ide pangarangna. Aya nu sifatna mungkir atawa nentang karya saméméhna, aya ogé nu ngadukung, malah nepi ka ngadeudeulan ide atawa gagasan pangarang saméméhna, ngan aya ogé nu nétral –ngabarukeun deui gagasan nu aya dina hipogramna–. Éta hal alatan nu ngaranna sastrawan moal bisa leupas tina kamekaran tulisan-tulisan séjén nu ditulis ku pangarang saméméhna.
            Ngomongkeun intertekstual, implengan téh bet anjog jeung ngaran Prayoga Adiwisastra nu ngarang sajak Akuarium. Lain pédah dihaja hayang nganilisis éta sajak, ngan ceuk pamanggih mah éta sajak téh bet cocog pisan dibandingkeun jeung sajak séjénna. Enya, sajak Akuarium karya Oga, –kitu panulis biasa ngageroan manéhna– ngingetkeun panulis kana puisina sastrawan Sunda kahot, Rachmat M. S. Karana, nu judulna: Dina Akuarium. Saliwat mah ningali tina judulna ogé geus aya hipotesis yén Oga téh siga nu rék ngadeudeulan, tapi teuing kétang da can dipaluruh leuwih jero deui éta dua sajak téh. Ku sabab kitu, nu rék dianalisis dina ieu tulisan téh nyaéta puisi Akuarium karya Prayoga jeung puisi Dina Akuarium karya Rachmat M. S. Karana.

Akuarium

salawasna
pirang-pirang lauk tugur ngemitan jempling wanci
ngaderes bayeungyang beurang, ngawiridkeun wening peuting
kocépatna ngamalirkeun satawuan iman kana lelembutan
tuluy karasa aya genclang ayat-ayat namper dina kayakinan
sedeng canémbrang kaca jadi ungkara dikir nu basajan
kawas saamparan batu nu sujud masrahkeun katunaan
salawasna pirang-pirang lauk ngagalindengkeun du’a-du’a
kasadrahanana, nguramasan gudawang tatu nu maluruh
tempat balabuh. Sabot diri ngulimisan saban pasiksak talajak,
sapeuting jeput ngénclong riak-riak cai masih ngaborélakkeun
gurilap urat-urat purnama jeung ngempray lampu-lampu
geusan didawamkeun parung kalbu nu teu weléh haliwu
(Prayoga Adiwisastra, 2013)

Dina Akuarium
Hirup urang
-lauk dina akuarium
Ti beurang
-sarangenge nganteuran cahaya
Ti peuting
-bulan katembong mabra
Tapi
Kamana bae lunta
Diri kahalangan kaca
Ah!
Kamerdikaan ngan ukur fatamorgana
Horeng diri aya di jero panjara
(Rachmat M. S. Karana, 1942)

            Lamun diperhatikeun judul sajak nu dipaké ku dua pangarang éta, matak jadi hal nu matak ngirut panitén keur dianalisis, sabab miboga judul nu méh sarua nyaéta Akuarium jeung Dina Akuarium. Tangtuna waé kecap akuarium nu dipaké dina éta sajak lain akuarium biasa tempat ngingu lauk-lauk hias. Dua sajak éta miboga sasaruaan nyaéta maké diksi-diksi nu raket patalina jeung akuarium sarta perangkat-perangkatna.
            Sajak Akuarium karya Rachmat mangrupa hipogram tina sajak Akuarium karya Oga. Sacara gurat badag dua puisi éta nyaritakeun ngeunaan hal anu méh sarua nyaéta ka teu daya upayaan. Bédana, sajak Akuarium karya Rachmat nyaritakeun ka teu daya upayaan manusa nu kabébasan hirupna dirampas (dijajah). Éta hal cocog pisan jeung setting dijieunna éta sajak, nu mana dina kateranganna ditulis taun 1942, jaman nu keur meujeuh-meujeuhna sangsara ku para penjajah.
Sedengkeun dina sajak Akuarium karya Oga, ka teu daya upayaanna leuwih museur ngambarkeun kahirupan manusa nu euweuh daya upaya saupama dibandingkeun jeung pangéranna. Akuarium nu jadi tempat cicing lauk ngan saukur sacuil tempat nu kacida heurinna, di satukangeun éta, aya tempat nu leuwih lega deui. Nu jadi pangbéda antara lauk nu aya dina sajak Rachmat jeung Oga nyaéta, lamun dina sajak Rachmat mah manusa (nu digambarkeun ku lauk) kudu nyanghareupan bengisna para penjajah, sedengkeun dina sajak Oga mah manusa téh kudu sadar diri yén aya kakuatan sarta kakuasaan nu hakiki, pangéran.
Bisa disimpulkeun yén hubungan intertekstual tina sajak Akuarium karya Oga mangrupa hipogram nétral –ngabarukeun deui gagasan nu aya dina hipogramna– nyaéta neruskeun ide atawa gagasan mahluk nu teu daya upaya, tina sajak Dina Akuarium karya Rachmat.
Salian ti analisis intertekstual, sajak Akuarium karya Oga jeung sajak Dina Akuarium karya Rachmat, bisa dianalisis ogé tina gaya panulisan jeung gaya basana. Gaya penulisan sajak Oga ngagunakeun kekecapan nu romantis, nu karasana éstétis pisan. Matak teu anéh deui mun sajakna rada ngahunyud, kurang padet. Najan kitu, tangtuna Oga leuwih mafhum yén anu ngaranna puisi (sajak) mah kapan ébréhan rasa nu diwujudkeun dina wangun nu padet (boga sifat memadatkan), béda jeung prosa nu mémang boga sifat ngébréhkeun (memaparkan).
Satuluyna sajak Rachmat, dina ngagunakeun diksina Rachmat patukang tonggong jeung Oga. Manéhna leuwih teges, sumanget, gagah nepi ka karasa sumanget juang nu ngaagedur. Diksi-diksi nu dipilih ku Rachmat ngagunakeun kekecapan sapopoé jeung gaya eksprési padet. Teu siga Oga, Rachmat teu perlu mapatkeun panjang-panjang gagasan nu aya dina pamikiranna, sabab ku dua nepi ka tilu pada lisan mimiti ogé geus bisa ngawakilan kekecapan séjénna.
Dina masalah aliran, Oga ngagunakeun aliran romantisme, sedengkeun Rachmat ngagunakeun aliran realisme. Disebut kitu sotéh kapan siga nu geus dijelaskeun di luhur yén sajak Akuarium karya Oga ngagunakeun basa nu romantik, éta hal katénjo tina kaéndahan basana. Sedengkeun Rachmat disebut aliran realisme sotéh ku pédah dina sajakna jelas pisan sikep realistis nu ditémbongkeun ku manéhna, diantarana kecap-kecap sarangéngé, bulan, kaca, penjara.
Perbandingan Aspek Stilistika dina sajak Akuarium Oga jeung sajak Dina Akuarium karya Rachmat bisa diténjo tina sasaruaan sorana,bayeungyang beurang,” jeung ”wening peuting” (dina pada lisan ka dua sajak Oga). Sora nu sarua, “Hirup urang” jeung Ti beurang” (Pada lisan ka hiji jeung ka tilu dina sajak Rachmat). Aspék Stilistika sastra nu ditémbongkeun ku Oga sakaligus ngawewegan luhungna kualitas éstétis sastra dina dirina (ilikan sora ahir dina unggal pada lisan, dina opat pada lisan ahir, dina pada ka hiji!). [Tatang Zaelani Tirtawijaya]



Komentar