Apresiasi Sastra Sunda





“Helli in Memorian, Leubeut ku Penyadaran”
ku
 Tatang Zaelani Tirtawijaya

Rizky Prasasti Anwari
Pangarang nu geus medalkeun karya-karya teu ilahar
keur ukuran saumuran manehna.

Salam Sastra!

Naha kungsi manggihan atawa ngarasakeun disindir ku jalma deungeun? Atawa malah urang sorangan nu parigel nyindir maké basa-basa tanda nu lain sabenerna? Tangtuna urang bisa apal éta sindiran téh sabab urang mikanyaho tanda nu dipakéna.
Terus kumaha lamun ngilikan sempalan ieu carita pondok?
Sanggeus nyarita lila, Uing, Embé jeung Susan muru Dayeuh. “Heup! Heup!” cék Susan bari nyiwitan tonggong Embé. “Geus sia mah népi dieu wéh Embé. Dagoan!” ceunahna deui, bari nangtung dina tonggongna si Embé. Si Embé unggeuk ngagugu, nungguan di lawang Dayeuh. Susan ngajleng, nerekel ka tonggong Uing. Gek diuk. “SIAP??” cék Susan ka Uing.”SIAPPPP!!!!” Témbal Uing semu gorowok.(Paragraf ka-opat)
Wacana di luhur pinuh ku sindiran-sindiran nu kudu dihartian ku nu maca. Ngomongkeun sindir-sampir, Riziky Prasasti Anwari nyieun carpon Helli in Memorian  nu pinuh ku tanda-tanda atawa lambang-lambang. Béda jeung karya-karya saméméhna nu ngagunakeun tokoh manusa atawa déwa, dina ieu carpon Rizky nalaktak nginjeum sato keur ngagambarkeun tokohna.
Carita Rizky dimimitian ku nyaritakeun tokoh Helli nu dihianatan ku tuan atawa majikanana. Malah ditinggalkeun kawin sagala. Tapi Si Helli tetep teger ngupahan dirina yén awéwé lain ukur Chacha.
Geus sateh! Loba kénéh lauk di sagara. Teu jodo jeung lauk emas, sugan atuh menang lauk koi! (Paragraf ka-hiji)
Éta hal némbongkeun karakter kuat Helli salaku tokoh utama nu teu terus-terusan ngalakukeun tarékah sangkan bisa mopohokeun nu lain milikna. 
Nepi ka hiji mangsa Helli papanggih jeung Chacha di pasar bari mawa anak dua. Tapi Helli kalah lumpat ka pasir manggihan sobatna Si Embé nu keur ngadaweung jeung Si Susan nu sarua papada ditaringgalkeun ku babaturanana. Geus silih ngakrabkeun diri, Helli, Embé jeung Susan arindit ka dayeuh. Embé mah cicing di lawang kota titah nyumput, ari Helli jeung Susan mah neruskeun lalampahanana ka dayeuh. Asa dikariakeun Helli jeung Susan téh. Helli nu karesepna (lari-lari) lulumpatan teu beunang dieureunkeun, gojéh naker. Kitu deui Susan nu resep nyuntikan manusa kota sakumaha kahayangna jadi tukang suntik.
Sapoé ti harita, warga pada ngariung di Balé Kota bari ngaralagu Helli, Susan, Anak Gembala, Diobok-obok, aya ogé nu ngalagu Mana Dimana Kambing Saya. Sedeng di sisi nu séjén aya Joshua, Chacha, Tasya jeung Ria Enes nu digarantung sarta ngagarawing dina dadana kertas nu tulisanna Kacang Lupa pada Kulitnya. Di beulah kalérna aya Boyband jeung Girlband nu sarua ditulisan begog siah ah.
Éta memang si Rizky, 677 kecap nu ditulisna teu lésot tina sindiran-sindiran kana kaayaan jaman ayeuna. Lagu-lagu jaman baheula geus dipopohokeun ku barudak ayeuna. Tokohna dicokot tina judul lagu, matak teu pati hésé nyangkem karakter-karakter tokohna. Carita nu nalaktak ieu geus ngahudang nu maca sina mikir kumaha kaayaan dirina jaman ayeuna nu dijajah ku produk Korea Boyband jeung Girlband-girlband-na. Barudak ayeuna geus mopohokeun lagu-lagu Indonesia nu baheula kungsi sohor diganti ku lagu-lagu kiwari nu jigna ti luar.
Sambil menyelam minum air, Rizky geus nyadarkeun nu maca yén maranéhna geus dijajah kalayan teu sadar ku éta produk Korea téh. Salin ti éta, ku tema carpon nu kontemporer ieu, geus ngahudang daya irut nu maca mikareueus sastra Sunda. Éta hal teu leupas tina basa nu digunakeun dina ieu Carpon nu mana Rizky ngagunakeun basa nu mineng kadéngé kénéh dina kahirupan sapopoé. Najan kitu, teu saeutik dina hal penulisanna nu kurang pas boh éta mah gramatikalna boh leksikalna.
Lamun dipesék ku tiori Struktural Todorov, dina ieu Carpon téh unsur kausalitasna teu pati jelas, siga:
Sanggeus nyarita lila, Uing, Embé jeung Susan muru Dayeuh. “Heup! Heup!” cék Susan bari nyiwitan tonggong Embé. “Geus sia mah népi dieu wéh Embé. Dagoan! (Paragraf ka-opat)

Éta hal bisa disababkeun alatan pangarang fokus teuing kana nyambung-nyambungkeun judul-judul lagu jeung adegan-adegan Sang tokoh nepi ka kapopohokeun éta unsurna. Ngan, memang kitu Rizky Prasasti Anwari. Manusa nalaktak nu idena mancawura ka alam panarawangan. Jeung deuih memang kitu ari sastra mah. Salawasna méré rohangan ka nu maca keur ngainterpretasikan atawa nafsirkeun makna hiji karya tanpa ningali saha nu ngarangna. 
Wilujeng maraca jeung wilujeng ngapresiasi ieu karya!

Komentar