HIKMAH tina KAGAGALAN


Saha nu teu apal inohong Sunda Ajip Rosidi. Lalaki kalahiran Jatiwangi Majalengka ieu, teu kungsi nampa ijazah SMA. Tapi, saha nu nyangka anjeunna dilélér gelar professor ku rector UNPAD. Hartina naon ? hartina, kamampuh teu ngan saukur diukur ku salembar kertas nu dikaluarkeun ku hiji lembaga formal. Patalina jeung hasil test, keur sakabéh anu teu lulus tong pegat pangharepan. Saha nu apal Alloh hayang ningali urang leuwih getem usaha.

Tong jauh-jauh ka inohong Ajip, babaturan sagulung-sagalang nu nulis, nya éta Ade Yuni Ratnasari jeung Anih Ginda Listiani, maranéhna teu ngasaan kungsi ngasaan bungahna ngaran urang ngaréndéng diantara ngaran-ngaran jalma nu lalulus. Tapi maranéhna bisa lulus SNMPTN siga uing. Siga uing nu diajar dikokolakeun ku hiji lembaga privat di Bandung. Hartina, maranéhna leuwih hade, leuwih rancagé batan uing nu lemah, nu lulusna ngandelkeun prosés pembelajaran di Rexa.
Tah, sumanget éta nu kudu dipiboga ku maranéh kabéh. Uing ngan saukur panitia, teu bisa pakumaha da puguh kawijakan itu-ieu lain aya di uing. Ngan nu kudu diinget, uing jangji uing bakal mantuan maranéh kabéh méré info-info méré soal-soal nu sarua jeung matéri maranéhna nu lalulus.
Gedurkeun sumangetna, jaga ruhakna sina ngadeur deui siga baheula !!!





 

Komentar