Ulikan leksikal toponimi di wewengkon desa Cilumba, kecamatan Cikatomas


TOPONIMI LEMBUR KURING DESA CILUMBA
Harita, kaayaan kelas ngadadak ramé. Éta dibalukarkeun aya salasaurang babaturan kuring nu nyebutkeun yén di daérahna aya kampung nu ngaranna Sarkanjut. Kuring jeung nu séjénna riweuh pada hayang apal naha bet éta kampung téh bisa dingaranan Sarkanjut. Sangeus kitu, kuring sadar yén tangtu éta ngaran téh moal sagawayah dibikeun, tapi aya ajén inajén anu nyamuni nu bisa kaguar lamun ditalungtik leuwih nyosok jero deui.
            Dina ieu tulisan, kuring moal ngaguar ngeunaan kampung Sarkanjut, tapi rék ngadadarkeun toponimi atawa prosés méré ngaran patempatan nu aya di lembur kuring di wewengkon desa Cilumba, kecamatan Cikatomas. Kajadian di luhur geus nyadarkeun kurig yén tempat cicing téh lain wungkul ngan saukur tempat miceun kokotor urang, tapi dijerona aya ajén filosofis nu kudu ku urang dipikanyaho. Lamun urang teu apal kana harti ngaran tempat cicing urang, rék kumaha urang bisa ngajaga ngariksa lembur urang ?. Mudah-mudahan ieu tulisan bisa méré mangfaat ka urang saréréa nu cicing di wewengkon desa Cilumba, sarta bisa ngajaga kabuayaan nu geus diwariskeun ku para karuhun urang.

Toponimi kampung di wewengkon desa Cilumba, ditilik tina harti leksikalna.
Desa Cilumba mangrupa hiji desa nu aya di sahandapeun kapamaréntahan kecamatan Cikatomas, kabupatén Tasikmalaya. Ieu desa miboga tujuh kampung, nya éta:

  1. Kampung Sampalan Jamé (Jambé).
  2. Kampung Pasir Jati
  3. Kampung Muyul (Munjul)
  4. Kampung Jati Wangi
  5. Kampung Sukarasa
  6. Kampug Cimahpar
  7. Kampung Cipancur



·         Cikatomas
 Cikatomas mangrupa kecap majemuk tina kecap cai jeung katomas. Ci hartina cai, sedengkeun katomas nya éta tangkal nu sok disebut ogé puring, sajenis imba; nya éta tatangkalan nu sok dipelak gigireun pager miboga fungsi keur mapaés. Daunna bisa didahar digalokeun jeung daun mamangkokan. Lamun dipatalikeun, sigana baheula réa tangkal katomas sarta disabudeureun tangkalna réa cai.
·      Cilumba
Sarua jeung cikatomas, Cilumba ogé asal kecapna tina cai jeung lumba. Lumba mangrupa kecap tina basa kawi nu hartina luncat atawa macur. Sigana baheulana aya cai nu mancur di ieu tempat.
·                                                       Sampalan Jamé
 Di wewengkon kecamatan Cikatomas, masarakatna teu ilahar nyebut konsonan nu ngaréndéng di sakalikeun (asimilasi). Saperti kecap jambé, masarakat Cikatomas biasana nyebut jamé. Sampalan Jamé asalna tina kecap sampalan jeung jambé. Sampalan miboga harti tanah lega nu pinuh ku jukut sarta tara dipiara. Sok disebut ogé tegal. Biasana paranti nganggon sasatoan. Sedengkeun kecap jambé nya éta tangkal nu catangna lempeng tur tara aya dahanan. Buahna sagedé kadongdong sarta raranggeuyan. Baheulana sigana ieu tempat mangrupa tempat panganggonan munding jste.
  • Bihbul
Bihbul mangrupa ngaran kai nu sok disebut ogé Mabolo atawa Samolo. Ieu kai biasana sok jaradi di jojontor wahangan. Teuing kumaha asal muasalna bet ieu kampung dingaranan Bihbul, da lamun nilik kana geografisna mah ieu kampung téh justru aya di papasir.
  • Munjul
Munjul asalna tina kecap muncul, atawa pecenghul kusabab titeuleum. Ningali geografisna, ieu kampung téh ayana di léngkob. Bisa waé disebut Munjul téh alatan aya di léngkob nu siga pakpecenghul.


  • Jati
Kecap jati miboga harti asal, tulén. Saperti dina kekecapan mulang ka jati mulih ka asal. Aya ogé nu méré harti kasaktian, saperti dina kekecapan ngadu jajatén. Jajatén sorangan mangrupa kecap nu asalna tina jajatian, terus ngalaman Shandi nya éta patepungna foném i jeung a, jadi wé jajatén. Harti séjénna nya éta ngaran kai panghadéna keur dipaké nyieun parabot. Can kapaluruh mana harti kecap jati nu dipaké dina prosés méré ngaran éta kampung.
  • Jati Wangi
Jati Wangi asal kecapna tina jati jeung wangi atawa seungit. Sigana, baheula di deukeut tangkal Jati sok kaambeu aya nu seungit ngadalingding, atawa kasaktian masarakat ieu kampong geus ngadalingding atawa kasohor seungitna.
  • Sukarasa
Sukarasa mangrupa kecap majemuk nu asal kecapna tina suka jeung rasa. Suka asalna tina bahasa Sansekerta nu hartina sarua jeung bungah. Sedengkeun rasa nya éta hal nu patali jeung ngeunah atawa henteuna hiji hal. Ieu kampung dibéré ngaran Sukarasa sabab mangrupa du’a sangkan masarakatna tetep barungah rarasaan.
  • Cimahpar: Can kapaluruh
  • Cipancur
Cipancur mangrupa kecap majemuk tina kecap ci jeung pancur. Pancur nya éta turunna jeung sumebyarna cahaya saperti nu ngucur. Bisa ogé dilarapkeun kana cai. Kaharti mun seug dingaranan Cipancur, sabab geografisna cur-cor cai sabab aya di léléngkob.

Mudah-mudahan kahareupna ieu tulisan tiasa di lengkepan deui, sarta bisa maluruh ngaran kampung tina aspék-aspék séjénna. Kukituna, sim kuring nyuhunkeun pangdeudeul kasadayana.

Referensi:
Danadibrata. R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Komentar