Ngamumule Tradisi Warisan Karuhun


Longsérna Beunang Sastrana Hérang
SN
Pagelaran Longsér “Ménak Baheula” Téater Sambada [Potret: dok.sambada*Yanwar A.N]
(SundaNews, Bandung) Sastra Sunda kawin jeung téater, longsér jadina. Cara pagelaran longsér nu dipintonkeun ku Téater Sambada ti Himpunanan Mahasiswa Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda FPBS Universitas Pendidikan Indonésia (UPI), Bandung, di gedong Pusat Kegiatan Mahasiswa UPI, 28-29 Nopémber 2012, upamana. Caritana meunang ngadaptasi tina novel Sunda nu judulna “Ménak Baheula” beunangna Caraka. Ditulis deui ku Zaénal M. Tonton jadi naskah drama.
Cék Fahmi Capung, nu nyutradaraan ieu pagelaran, ngahaja dipilih seni longsér téh keur ngawanohkeun deui ieu seni tradisi nu kiwari nasibna pikamelangeun.
“Sangkan balaréa apal kumaha seni longsér,” cék Fahmi nyarita ka SundaNews di satengahing acara pagelaran, Rebo, 28 Nopember 2012.
Patali jeung bahan carita nu bahanna meunang ngadaptasi tina novel Sunda, Fahmi nyarita, aya pesen moral nu nyampak dina carita éta novel nu luyu jeung kaayaan kiwari. Najan éta novel téh ditulis di alam bihari.
“Ieu novel téh medar perkawis kahirupan sosial, kumaha bobrokna pamaréntahan jeung kahirupan rahayatna,” cék Fahmi.
Ieu carita téh medar lalakon hji dalem (pajabat) nu kabeukina barang dahar bari teu paduli ka rahayatna. Alatan makmak-mekmek teuing barangdahar, manéh gering parna. Ditambakeun ka nu bisa, ubarna téh teu pira, dalem kudu indit saba pilemburan, nyamar jadi rahayat salila tilu poé.
Sabot keur milemburan, dalem panggih jeung patani. Éta patani téh nyarita yén manéhna téh nu ngagarap sawah bogana dalem. Tuluy nyarita deuih yén hiji mangsa kungsi kadatangan budakna dalem nu hayangeun ka budakna sarta ménta kawin. Tapi manéhna teu mikeun. Alesanana mah, lain teu hayang boga minantu ka anak dalem. Sabab anak dalem mah can tangtu daékeun macul jeung ngurus sawah. Saha engké nu bakal melak paré keur balaréa?
Ieu pagelaran longsér téh minangka program gawé Téater Sambada nu diayakeun kalayan rutin saban taun. Dina pagelaran nu ayeuna mah, cék Fahmi, para pamaénna husus ti anggota entragan nu alanyar. Ngalibetkeun teu kurang ti 19 urang pamaén.

Komentar