KASAKTIAN VS KONGKALIKONG



“Aya hal nu béda dina téknis milih pamingpin antara kiwari jeung baheula. Lamun baheula dumasar kana jajatén calon pamingpin, ayeuna mah dumasar kana hasil sora nu milih”. Kitu saur Aki Kodir 98 tahun. Anjeunna nyaritakeun kumaha jajatén pamingpin-pamingpin baheula hususna Raden Ngabehi Wirawangsa, atawa Raden Tumenggung Wiradadaha I dalem Sukapura (kiwari Tasikmalaya). Raden Tumenggung Wiradadaha, kantos lalampahan ka Cikancra (Cikalong) pikeun milari bako, pédah Cikancra téh kasohor ku bako nu kualitasna hadé cenah. Hiji mangsa, urang Cikancra ngarasa bosen bako na disébakeun waé ka Raden Tumenggung Wiradadaha. Tuluy, masarakat Cikancra méré bako sebul ka Raden Tumenggung Wiradadaha, sangkan Raden Tumenggung Wiradadaha henteu deui-deui mundut bako. Kusabab bako na bako sebul, Raden Tumenggung Wiradadaha mapatkeun jampé nu mana antukna bako Cikancra teu deui kawéntar ku kualitasna nu hadé. Malah, nepi ka ayeuna teu kadéngé deui yén Cikancra téh mangrupa lembur penghasil bako nu kualitasna hadé. Matak teu anéh mun kiwari, jenengan Raden Tumenggung Wiradadaha, tetep ngagalindeng diabadikeun jadi ngaran tempat olahraga nu kawéntar di Tasikmalaya nya éta “DADAHA”. Éta mangrupa bukti yén pamingpin baheula boga kasaktian nu sok dipaké keur panyalindungan rahayatna. Mugia, Gupernur Jabar kahareupna bisa boga jajatén dina versi nu kumaha waé nu bisa nangtayungan rahayatna, saperti kiwari nu can katingal sihungna nalika isu BASA SUNDA TEU ASUP KANA KURIKULUM 2013. Geura turun Ki Sunda !!!
Referensi: Aki Kodir 98 taun.

Komentar