Wawanohan jeung Tatang

Tatang Zaélani Tirtawijaya téh gubrag di hiji lembur singkur di sisi pakidulan Tasikmalaya, nyaéta Desa Cilumba, Kecamatan Cikatomas. Resep maca, nulis jeung maékeun seni peran –keur media ngritik pamaéntah–. Kadaharan karesepna nyaéta karédok jeung pecel sarta sakabéh kadaharan tradisional (no western). Manggihan pucuk daun sampeu nu héjo ngora téh sok asa waraas. Da salila nyiar pangarti di Bandug mah geuning hésé kabina-bina manggihan daun sampeu téh. Aya mah aya, ngan aya ku ayana kolot pisan, kajaba mahal deuih. Karya-karyana ngan kakara tepi ka nyieun warta jeung carpon, muia kahareupna mah bias nambahan. Silokaning: “Yang diucap akan lenyap, yang ditulis akan abadi”.

Komentar