Antara Konvensional, Arbitrer jeung Sakuduna


Anak tetep Anak, moal bisa jadi Lanceuk, Adi, komo jadi Indung atawa Bapa mah. Naon pangna kitu ? pék geura titénan salasahiji kecap nu sok dipaké dina ngageroan anak dina jaman kiwari!. Geus teu bireuk deui mun manggihan kolot (Indung atawa Bapa) ngageroan anakna maké kecap “()téh, Aa, Déde atawa Adé jstr”.
Béda jeung jaman baheula nu can maké kecap-kecap samodél kitu. Yu geura urang titénan babarengan salasahiji cutatan tina puisi sawér jaman baheula.
“Ujang nyai sami gandang
Sami calik dina ranjang
Ujang masih keneh bujang
Nikah kanu geulis lenjang
Ujang teh perlu bisa
Siga cara abah ka ema
Ayeunamah geus waktuna
Mindeng ge moal doraka”
Dina éta sawér, nu jadi kolot dina ngageroan anakna maké kecap Ujang jeung Nyai, béda pisan jeung jaman ayeuna nu geus rupa-rupa dina ngageroan anak téh. Ieu hal, mémang lain hiji pasualan nu matak jadi doraka, tapi mun seug ningali kana pancakaki jeung harti léksikal tina éta kecap nu dipaké “()téh, Aa, Déde atawa Adé jstr”, tangtu ceuk kuring mah rada kurang merenah. Geura urang babarengan titénan harti léksikal tina kecap Tétéh !.Ieu kecap ilaharna dilarapkeun pikeun ngageroan atawa nyebut Lanceuk awéwé, atawa jalma awéwé saluhureun. Pon kitu deui kecap Aa sok dilarapkeun keur ngageroan Lanceuk lalaki atawa jalma lalaki saluhureun, sarta kecap Dédé atawa adé nu miboga harti adi lalaki atawa awéwé.
Ditingali saliwat mah, lamun aya kolot (Indung atawa Bapa) nu ngageroan anakna ku kecap “()téh, Aa, Déde atawa Adé”. Éta kolot téh sarua jeung ngageroan Lanceukna atawa Adina sorangan, atawa nyaruakeun anakna jeung Lanceuk atawa Adina. Éta hal bisa kaalaman alatan aya sababaraha alesan, diantarana aya nu nganggap yén basa téh arbitrér atawa manasuka sarta konvensional atawa kasapukan umum. Tangtu lamun éta alesanna, teu bisa disalahkeun saupama aya nu ngageroan anakna sorangan ku kecap Aa, Dédé jstr. Sajabaning ti éta, lamun ningali kana jihat cara ngadidik anak, éta patalina jeung cara kolot ngabiasakeun anak (lain anak tunggal) sangkan bisa nyaluyukeun pancakakina. Lamun dipaluruh leuwih ditu deui, sigana éta kecap-kecap téh geus ngalaman perluasan makna kecap, saperti dina kecap Bapa nu asalna ilahar pikeun ngageroan jalma lalaki salakina Indung. Tapi, kiwari dilarapkeun ogé pikeun ngageroan jalma lalaki nu umurna saluhureun sarta ka Lalaki nu boga pangkat atawa jabatan.
Mun seug ulin ka lembur sim kuring di daérah Cikatomas, leuwih pas na di Kp. Jati Ds. Cilumba Kec. Cikatomas, bakal kasampak rupa-rupa sesebutan pikeun ngageroan nu jadi anak. Misalna waé, aya nu ngageroan ku kecap (U)jang, Nyai atawa Nyi, Aa atawa ()téh, sarta aya nu langsung nyebutkeun ngaran. Malahan mah kungsi nalika pun biang nyauran kuring ku kecap Ujang, kabéh babaturan kuring pada nyeungseurikeun, heueuh da éta di lembur maranéhnamah sok langsung ngageroa ngaran saupama ngageroan ank téh. *Tah kumah dilembur sadérék ?

Komentar