DU'A, USAHA, IHTIAR, TAWAKAL


Harita keur kuring SMA kelas dua belas, kuring miluan seminar ngeunaan jurnalistik di Kacamatan Cipatujah, Kabupaten Tasikmalaya nu dialpukahan ku mahasiswa IAIN Cipasung Tasikmalaya. Harita kuring diwanohkeun kana istilah “DUIT”, nu mangrupa singgetan tina kecap Du’a, Usaha, Ihtiar, sarta Tawakal. Saprak ti dinya, éta kekecapan DUIT téh langsung jadi silokaning hirup kuirng. Ti dinya, cita-cita kuring hayang nuluykeun kuliah ogé asa beuki sumanget najan lamun ningali kaayaan kolot mah sok pikanalangsaaeun. Heueuh, lainna kuring teu ngukur ka kujur, da kumaha kuring boga kahayang sarta kayakin bakal neruskeun sakola ku jalan nu teu ngaripuhkeun kolot. Lain teu manggihan kapeurih dina salila ieu kuring bajoang téh, justru anggapan ti masarakat mah kuring téh ngan saukur ngimpi hungkul. Beuki unak wé saprak pun Biang ngantunkeun mah teu percayaeuna téh. Tapi ieu mangrupa bukti yén ku “DUIT” sagalana InsyaAlloh kahontal. Kuring bias kuliah di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung ku jalan nu teu disangka-sangka. Hatur Nuhun sadayana.. 
*Geger Arum, 4 November 2012

Komentar