Diajar Nulis


PARUNG-MANDALA dina PANGACIAN

Antara Parung mandala
Neundeun carita cinta dua rumaja
Nu kahalangan hiji wahangan
Wahangan Ciwulan ti jaman purba

Mun seug euweuh éta sasak
Teuing kumaha nasib urang
Mun euweuh éta sasak
Nya kamana engkang babaladug nyuksruk jalan



Parung-Manadala sasak cinta
Sasakna seuweu adam nu keur mangkat dewasa
Nu jadi saksi ébréhan rasa
Rasa suka ka salira
           
Poé minggu harita
Panonpoé keur nunggangan gunung
Cai nu ngamalir handapeun sasak
Ngagalindeng nembangkaeun rupa-rupa lagu kadeudeuh
Tingssulusup kana sela-sela batu
Sedeng diditu sapasang heulang ngelak diawang-awang
Bangun nu timburu ningali eneng léléndéan dina tak-tak akang





Salah….!!! Maranéh kabéh salah….!!
Ayeuna mangsa nu pamungkas
Pamungkas carita aing jeung manéhna rarakitan meuntasan ieu kahirupan
Isukan aing kudu nyaba ka dayeuh
Ngoréh pangaweruh di kaléreun Bandung
Ninggalkeun manéhna
Sarta kudu malidkeun ieu rasa
           
Manéh teu apal héy gunung…
Manéh salah héy cai…..
Jeung manéh bodo maca haté batur héyy heulang…
Nu apal kana peuheurna carita aing jeung manéhna ngan ieu sasak
Sasak cinta
Sasak Parung-Mandala





Sasak Parung Mandala
Linggalaksana, Cikatomas 2008.

Komentar