Nu kumaha ari nu disebut emansipasi téh? Harga diri nu dimurah-maréh
dirurujit? Atawa rupa-rupa kasus penyiksaan jeung pelecehan nu dialaman ku para Tenaga Kerja Wanita (TKW) Indonesia?
Nu kitu? Kajadian-kajadian modél kitu téh jadi hiji bukti yén sabenerna mah nu
ngaranna emansipas téh
ngan aya dina alam pangimpian.
Naha ku ayana emansipasi éta, Dewi Sartika –saurang inohong wanoja
Sunda nu ngadegkeun Sakola Kautamian Istri– miharep wanjoa-wanoja Sunda sangkan
jadi palacur nu ngadagangkeun awakna? Atawa jadi TKW nu naringgalkeun
kulawargana di nagri deungeun? Henteu. Lain, lain kitu konsép emansipasi nu sabenerna mah. Wanoja
kiwari geus salah kaprah dina ngama’naan éta emansipasi.
Salah kaprah para wanoja kiwari dina ngama’naan éta emansipasi, katambah ku leupas tanggungjawabna salaki ka nu jadi
pamajikanana, ahirna ku peta modél kitu téh ngahasilkeun prakték prostitusi nu
kacida sohorna di Jawa Barat. Tiap minggu, tamu-tamu ngahajakeun ngajugjug
Tanah Parahyangan ngadon “jarajan”. Ti mimit hotél béntang lima tepi ka kelas
rumahan siga di sapanjanag Jalan Pantura, kabéh sadia di Tanah Sunda.
Kitu deui nu jaradi TKW. Wanoja Sunda nu ahirna kudu setor nyawa ka nagri
deungeun. Kasus TKW asal Karawang Dede jeung Cati, ti Sukabumi, Cucu
Hardiyanti, Indramayu, Darinih, jeung Nurjamilah ti Bogor, sarta kasus penyiksaan-penyiksaan TKW lianna. Maranéhna kapaksa ngalacurkeun dirina taya
lian ku kapaksa alatan ekonomi nu handap. Katambah paham emansipasi nu nyaruakeun harkat darajat wanoja nu ngalantarankeun
maranéhna milu néangan nafkah keur kulawargana.
Lian ti faktor interen éta, faktor séjénna nyaéta ketak pamaréntah
nu teu pati madulikeun ieu hal. Gajih nu gedé di nagri deungeun sarta héséna
néangan gawé di nagri sorangan, ngalantarankeun maranéhna luluasan arindit
ngadu harepan ninggalkeun anak jeung salaki. Faktor nu satuluyna nyaéta
“doktrin” pahlawan devisa nu geus jadi pangbibita keur para wanoja kiwari
sangkan maranéhna daék indit ngalumbara ninggalkeun kawajiban utamana ngadidik
anak. Beuki loba nu jadi TKW, beuki loba duit nu asup kana kas nagara, pemasukan tina ladang wanoja-wanoja
kiwari nu ngadon “ngababu” di nagri deungeun.
Nempo kaayaan siga kitu, nu jadi salaki ngan ukur bisa pasrah. Maranéhna
kangeunahan ku duit bulanan nu teu reureuh ngalir, ladang tina boborot késang
nu jadi pamajikan. Maranéhna bener-beenr dimanja-keun ku gajih nu leuwih
gedé, ti batan gajih di ieu nagri nu handap kacida. Tugas nagdidik anak ogé
robah jadi kawajiban lalaki. Matak pantes upama didikanana teu sahadé dididikan
nu didasaran ku kanyaah Indungna sorangan. Kacida!
Upama Dewi Sartika masih kénéh aya, pasti anjeunna sumegruk nyaksian kaayaan
wanoja kiwari. Spirit emansipasi nu ditaratas ku Anjeunna sangkan mampuh
ngangkat harkat darajat wanoja Sunda geus disalah hartikeun. Anjeunna teu
miharep wanoja Sunda néangan nafkah sorangan ku cara ninggalkeun anak
ninggalkeun salaki, jadi TKW di nagri deungeun, tapi Anjeunna leuwih miharep
wanoja Sunda bisa pinter tur parigel dina ngadidik anak-anakna sorangan.
Dewi Sartika leuwih miharep para wanoja Sunda sangkan bisa jadi guru nu
hadé keur anak-anakna tinimbang jadi “babu” di nagri deungeun. Sakola jeung
atikan nu luhur wanoja Sunda kiwari, sakuduna dilarapkeun keur ngadidik
anak-anakna ku didikan nu hadé, didikan nu mampuh ngajadikeun anak-anakna jadi
jalma guna, nu salawasna teu weléh babakti ka agama jeung ka lemah cai.
Tengetan geura ieu rumpaka nu ngagambarkeun sakitu mulyana cita-cita Dewi
Sartika nu dijudulan Dewi Sartika, jasana R. Machjar Angga Koesoemadinata;
Jasa-jasa Radén Déwi
Teras nyebar teras mencar
Nyaangan nagara jaman
Jadi obor para ibu
Enggoning ngatik para putra
Sangkan jadi warga guna
Nu ngajungjung lemah cai
Geus sakuduna wanoja kiwari kahudang ku éta rumpaka. Maranéhna kudu ngarti
tur surti kana ma’na emansipasi nu
sabenerna. Emansipasi nu ditaratas Dewi Sartika, Kartini sarta inohong wanoja
lianna tangtuna lain mangrupa gerakan pemberontakan ka lalaki, tapi hiji
perlawan budaya feodal nu teu méré
kabébasan ka kaum wanoja, keur nangtukeun nasibna sorangan, sarta mangrupa perlawanan kana sagala bentuk
diskriminasi wanoja.
Wanoja kiwari geus sakuduna nyukcruk sajarah lahirna gerakan penyetaraan hak wanoja; emansipasi. Paham emansipasi mangkat tina baruntakna
wanoja jaman baehula kana penjajahan budaya “kolot” nu ngarugikeun kaum wanoja.
Ku kakeyengan sarta kasumangetan para inohong wanoja nu hayang ngangkat harkat
darajat wanoja, ahirna ngadeg Sakola Kautamian Istri.
Mun geus maham kana hakékat emansipasi
nu sabenerna, sarta geus maham kana sajarah lahirna emansipasi éta, para wanoja Sunda bakal saringkil neruskeun deui
perjuangan Dewi Sartika dina hal baruntak kana penjajahan: kamiskinan. Sumanget Dewi Sartika éta bener-bener kudu
diturutan ku sakabéh wanoja kiwari, sangkan teu daraék deui ngarurujit manéh
lantaran kamiskinan sarta nyiksa diri ku cara jadi “babu” di nagri deungeun. *Pinunjul kahiji, Pasanggiri Nulis Esey BEM
Hima Pensatrada.
Komentar
Posting Komentar