CARITA WAYANG
Carita wayang téh carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Asalna ti India, kalayan sumberna tina Ramayana karya Walmiki jeung Mahabarata karya Wiyasa (Viyasa). Asupna carita wayang ka tanah Sunda téh bareng jeung asupna agama Hindu. Di Tatar Sunda, carita wayang sumebarna sacara lisan tuluy ditulis
dina naskah-naskah kuno jeung wawacan. Mimiti aya pagelaran wayang kulit téh lantaran pangaruh ti Jawa, tuluy urang Sunda nyiptakeun wayang golék (gelung) nu populér.
Carita wayang téh sumebarna tina épik Ramayana jeung Mahabrata.
Disebut épik téh lantaran ditulisna dina wangun puisi panjang nepi ka
mangrébu-rébu pada (bait). Sacara ringkes, épik Ramayana nyaritakeun lalampahan Rama, Raja Ayodya. Hiji Mangsa
nalika Rama, Déwi Sinta jeung Lesmana keur lalampahan di leuweung, Rahwana
(Dasamuka) nyieun tipuan pikeun nyulik Sinta. Sinta diculik ku Rahwana dibawa
ka Alengka. Rama kacida murkana tuluy ngutus Anoman ka Alengka. Anoman bisa
kabur bari ngaduruk Alengka. Kusabab Rahwana keukeuh embung mulangkeun Sinta.
Antukna Rama nyerang ka Alengka dibantuan ku pasukan wanara (monyét) ti
Kriskenda. Kabéh pangagung Aléngka palastra kaasup Rahwana.
Ari Mahabarata mah
nyaritakeun Baratayuda, hartina perang Brata atawa Barata. Perang sadulur
antara teureuh Brata nyaéta Pandawa jeung Kurawa. Éta perang dilantarankeun ku
parebut tahta Karajaan Astinapura warisan ti luluhurna. Pandawa téh putra Pandu
Déwanata, rai Prabu Déstarata. Ari Kurawa mah putra Déstarata ti Dewi Gindari.
Nalika Prabu Pandu pupus, tahta karajaan dicekel ku Prabu Déstarata lantaran
putrana can déwasa. Tapi, sanggeus putra Prabu Pandu déwasa, tahta karajaan
malah dibikeun ka putrana, Duryudana.
Putra Prabu Pandu terus dilicikkan tepi ka hirup di tengah
leuweung. Hiji mangsa putra Prabu Pandu balik deui ka karajaan sarta ménta
satengah bagian ti nagarana saperti nu geus dijangjikeun ku Duryudana. Tapi
Duryudana jalir jangji, tepi ka lumangsung perang sadulur di Kurusétra. Pandawa
dibantuan ku Batara Kresna, nu ahirna bisa ngéléhkeun Kurawa. Antukna, Prabu
Yudistira mingpin karajaan Astinapura.
*Dicutat tina Buku Rancage Diajar Basa Sunda Kelas XII
Komentar
Posting Komentar