MIKAPAHAM JENIS-JENIS DONGÉNG
1.
Fabél
Dongéng nu eusina
nyaritakeun sasatoan. Conto-conto judul dongéng sasatoan Sunda di antarana; Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Maling Cabé, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét
Melak Cau, Sakadang Monyét Maok Suling Sakadang Kuya, Sakadang Kuya jeung
Sakadang Maung Silih Duruk, Sakadang Kuya Ngagandong Imahna, Sakadang Peucang
Keuna ku Leugeut, Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup, Sakadang Maung jeung
Sakadang Bagong, Sakadang Maung Kagucak Ku Cucuk Landak, jsb.
2.
Parabél
Dongéng nu eusina
nyaritakeun kahirupan sapopoé jalma biasa.
Contona waé; Dongéng
Ki Jana-Ki Jani, Dongéng Hihid Kabuyutan, Si Kabayan Ngala Tutut, Si Kabayan
Ngala Nangka, Si Kabayan Ngala Roay, Si Kabayan Moro Uncal, Si Kabayan Meuleum
Lauk, S.K Ngadeupaan Lincar, jsb.
3.
Sasakala
Dongéng nu eusina
nyaritakeun asal-usul hiji tempat, di antarana waé: Sasakala Gunung Tangkuban Parahu, Sasakala
Situ Bagendit, Sasakala Talaga Warna, Sasakala Gunung Gajah, Sasakala Ratna
Inten Déwata, Sasakala Cika-Cika. Di Cianjur, sawatara dongéng sasakala
di antarana; Sasakala Hayam Pelung, Sasakala Kuda Kosong, Sasakala Béas
Pandanwangi, Sasakala Lembur Sabandar, Sasakala Kampung Sodong, Sasakala Leuwi
Batok jeung Asal-Usul Cianjur, Sasakala Ciguriang, Sasakala Cikalong, Sasakala
Gunteng, Sasakala Pasir Panglay, Sasakala Hegar Manah, Sasakala Gang Laksana,
Sasakala Kampung Samolo, Sasakala Kampung Warung Jambu, Sasakala Rancagoong,
Sasakala Lembur Cimaja, jsb.
4.
Mite
Dongéng
nu eusina nyaritakeun hal-hal gaib kayaning déwa-déwi, lelembut, jurig, siluman, jin,
danyang, bunian, gumelarna alam/tempat, jeung sajenisna. Conto judul-judul
dongéng gaib Sunda di antarana: Leuwi Onom (Ma Onom), Sanghyang Dangdang Sri
(Déwi Sri), Éyang Suryakancana, Lutung Kasarung, jsb
5.
Babad
Babad nya éta dongéng anu ngandung unsur sajarah ngeunaan hiji tempat,
palaku atawa kajadian, tapi masih kudu ditalungtik deui ajén bebeneran
sajarahna. Conto judul-judul Dongéng Babad Sunda: Babad Galuh, Babad Pakuan, Babad Sumedang, Babad Siliwangi, Babad Kéan
Santang, Babad Cikundul, Babad Sukamulya-Kuningan, Babad Pajajaran, jsb.
(Dicutat tina
sababaraha sumber)
Desti Apriyanti
BalasHapusKls X OTKP
Gina Arlina
BalasHapusX OTKP
INDAH ASMAWATI
BalasHapusX OTKP
Sri Lestari
BalasHapusX-TKJ 2
Sri Rahayu
BalasHapusX TKJ 2
Amelia dwikara maharani
BalasHapusx-tkj1
Diki maulana
BalasHapusX tkj 1
Bayu Saputra
BalasHapusX-TKJ 1