Rupa-rupa cara dilakukeun ku mahasiswa séjén keur ngakritik
paripolah pamaréntah nu méngpar tina aturan. Aya nu ngaliwatan media masa
(nulis opini, berita jstr) aya ogé nu langsung turun ngayakeun demonstrasi. Ari
kuring, dina ieu kasempetan mah ngritik rujadna pariolah pamaréntah téh
ngaliwatan drama. Tokoh Tarjo (Walikota) nu resep gawé rucah, kudu diperankeun
ku kuring. Béda jeung nu lian nu némbongkeun kateupanujuna kana kebijakan
pamaréntah téh k cara demo, kuring mah usaha satékah polah ngagambarkeun kumaha
rujadna Si tarjo.
![](https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEhsMOHzcF8vv5U2p7uVCtS995ZqLIV-XXlTLeQQt06NvJoDd9nCUXcMMqlJyKglxxP1NcXNFdys6lZU3gJnAxVeGF7690OeXYbmdr0cKzDlyuPbzVMC9doEcj_NMh4pGlsDjp50Iyo7hVSc/s1600/tatang+empat.JPG) |
“Saéstuna nu disebut RUCAH lain ngan saukur ngalacurkeun
awak sakujur, tapi sakur pagawéan nu nyangsarakeun rahayat” (Cutatan dialog
dina RUCAH)
|
![](https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEjKMYHIwpcujHZK7dx8qkFIpgM5zAfFWTL_r3RkhTzYpKMtxHLHfrGCjy5jQz7dTbVskjkJyfBrv-V7zgYcSGgMr1c8p6dH60G7Ko99JPDvFKxSMRD0Ve1c2fHwTC6GU3ZoJ6hSfDrZ0S5A/s1600/tatang+tiga.JPG) |
Carita nu WAJIB dibaca ku para calon wakil rakyat. |
![](https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEhRcES6pITIUrwbkKmyZ6QehiuiPqPEN2tmMx1W1FNtHOIix4P2aHZ3eDHeOjDch3kmBukh04nGlC-jK4OLtk3N9by6RBid8ZE3GS4WCJ9QGq7W0cMnZ8ZdIkYO2TWhfX9sVM-rh5jIxlWi/s1600/tatang+dua.JPG) |
"Tarjo, Tarjo. Tétéla geuning Silaing téh angger waé sarakah,"
|
"Horéng lain kadurukan éta pasar téh, tapi diduruk méh bisa
dibangun deui sabab vutuh pencitraan. Jadi curiga kieu euy, mangkaning aya dua
pasar nu kahuruan ahir-ahir ieu téh. JAMKESDA –Kaminan Kesehatan Daerah- ogé
sarua ngan saukur cara keur ngirut simpati rahayat.
Atuh puguh ari RASKIN –beras miskin- mah, padu aya wé asal
masarakat senang. Sakapeung mah teu béda lir huut komo".
Kitu tah diantarana
kalakuan bejad Walikota Tarjo téh. Jadikeun eunteung keur urang saréréa, ulah
nepi ka salah milih pamingpin nu siga si Tarjo.
Komentar
Posting Komentar