“Helli in Memorian, Leubeut ku Penyadaran”
ku
Tatang Zaelani Tirtawijaya
Rizky Prasasti Anwari Pangarang nu geus medalkeun karya-karya teu ilahar keur ukuran saumuran manehna. |
Salam Sastra!
Naha kungsi manggihan atawa ngarasakeun
disindir ku jalma deungeun? Atawa malah urang sorangan nu parigel nyindir maké
basa-basa tanda nu lain sabenerna? Tangtuna urang bisa apal éta sindiran
téh sabab urang mikanyaho tanda nu dipakéna.
Terus kumaha lamun ngilikan sempalan ieu
carita pondok?
Sanggeus
nyarita lila, Uing, Embé jeung Susan muru Dayeuh. “Heup! Heup!” cék Susan bari
nyiwitan tonggong Embé. “Geus sia mah népi dieu wéh Embé. Dagoan!” ceunahna
deui, bari nangtung dina tonggongna si Embé. Si Embé unggeuk ngagugu, nungguan
di lawang Dayeuh. Susan ngajleng, nerekel ka tonggong Uing. Gek diuk. “SIAP??”
cék Susan ka Uing.”SIAPPPP!!!!” Témbal Uing semu gorowok.(Paragraf ka-opat)
Wacana di luhur pinuh ku sindiran-sindiran
nu kudu dihartian ku nu maca. Ngomongkeun sindir-sampir, Riziky Prasasti Anwari
nyieun carpon Helli in Memorian nu
pinuh ku tanda-tanda atawa lambang-lambang. Béda jeung karya-karya saméméhna nu
ngagunakeun tokoh manusa atawa déwa, dina ieu carpon Rizky nalaktak nginjeum
sato keur ngagambarkeun tokohna.
Carita Rizky dimimitian ku nyaritakeun tokoh
Helli nu dihianatan ku tuan atawa majikanana. Malah ditinggalkeun kawin sagala.
Tapi Si Helli tetep teger ngupahan dirina yén awéwé lain ukur Chacha.
Geus
sateh! Loba kénéh lauk di sagara. Teu jodo jeung lauk emas, sugan atuh menang
lauk koi! (Paragraf ka-hiji)
Éta hal némbongkeun karakter kuat Helli
salaku tokoh utama nu teu terus-terusan ngalakukeun tarékah sangkan bisa mopohokeun
nu lain milikna.
Nepi ka hiji mangsa Helli papanggih
jeung Chacha di pasar bari mawa anak dua. Tapi Helli kalah lumpat ka pasir
manggihan sobatna Si Embé nu keur ngadaweung jeung Si Susan nu sarua papada
ditaringgalkeun ku babaturanana. Geus silih ngakrabkeun diri, Helli, Embé jeung
Susan arindit ka dayeuh. Embé mah cicing di lawang kota titah nyumput, ari
Helli jeung Susan mah neruskeun lalampahanana ka dayeuh. Asa dikariakeun Helli
jeung Susan téh. Helli nu karesepna (lari-lari) lulumpatan teu beunang dieureunkeun, gojéh naker. Kitu deui Susan
nu resep nyuntikan manusa kota sakumaha kahayangna jadi tukang suntik.
Sapoé ti harita, warga pada ngariung di Balé
Kota bari ngaralagu Helli, Susan, Anak
Gembala, Diobok-obok, aya ogé nu ngalagu Mana Dimana Kambing Saya. Sedeng di sisi nu séjén aya Joshua,
Chacha, Tasya jeung Ria Enes nu digarantung sarta ngagarawing dina dadana
kertas nu tulisanna Kacang Lupa pada Kulitnya.
Di beulah kalérna aya Boyband jeung Girlband nu sarua ditulisan begog siah ah.
Éta
memang si Rizky, 677 kecap nu ditulisna teu lésot tina sindiran-sindiran kana
kaayaan jaman ayeuna. Lagu-lagu jaman baheula geus dipopohokeun ku barudak
ayeuna. Tokohna dicokot tina judul lagu, matak teu pati hésé nyangkem
karakter-karakter tokohna. Carita nu nalaktak ieu geus ngahudang nu maca sina
mikir kumaha kaayaan dirina jaman ayeuna nu dijajah ku produk Korea Boyband
jeung Girlband-girlband-na. Barudak ayeuna geus mopohokeun lagu-lagu Indonesia
nu baheula kungsi sohor diganti ku lagu-lagu kiwari nu jigna ti luar.
Sambil menyelam minum air,
Rizky geus nyadarkeun nu maca yén maranéhna geus dijajah kalayan teu sadar ku
éta produk Korea téh. Salin ti éta, ku tema carpon nu kontemporer ieu, geus
ngahudang daya irut nu maca mikareueus sastra Sunda. Éta hal teu leupas tina
basa nu digunakeun dina ieu Carpon nu mana Rizky ngagunakeun basa nu mineng kadéngé
kénéh dina kahirupan sapopoé. Najan kitu, teu saeutik dina hal penulisanna nu
kurang pas boh éta mah gramatikalna boh leksikalna.
Lamun
dipesék ku tiori Struktural Todorov,
dina ieu Carpon téh unsur kausalitasna
teu pati jelas, siga:
Sanggeus
nyarita lila, Uing, Embé jeung Susan muru Dayeuh. “Heup! Heup!” cék Susan bari
nyiwitan tonggong Embé. “Geus sia mah népi dieu wéh Embé. Dagoan! (Paragraf
ka-opat)
Éta
hal bisa disababkeun alatan pangarang fokus teuing kana nyambung-nyambungkeun
judul-judul lagu jeung adegan-adegan Sang tokoh nepi ka kapopohokeun éta
unsurna. Ngan, memang kitu Rizky Prasasti Anwari. Manusa nalaktak nu idena
mancawura ka alam panarawangan. Jeung deuih memang kitu ari sastra mah.
Salawasna méré rohangan ka nu maca keur ngainterpretasikan atawa nafsirkeun makna hiji karya tanpa ningali saha nu ngarangna.
Wilujeng maraca jeung
wilujeng ngapresiasi ieu karya!
Komentar
Posting Komentar