Longsérna Beunang Sastrana Hérang
Pagelaran Longsér “Ménak Baheula” Téater Sambada [Potret: dok.sambada*Yanwar A.N]
(SundaNews, Bandung) Sastra Sunda kawin
jeung téater, longsér jadina. Cara pagelaran longsér nu dipintonkeun ku Téater
Sambada ti Himpunanan Mahasiswa Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda FPBS
Universitas Pendidikan Indonésia (UPI), Bandung, di gedong Pusat Kegiatan
Mahasiswa UPI, 28-29 Nopémber 2012, upamana. Caritana meunang ngadaptasi tina
novel Sunda nu judulna “Ménak Baheula” beunangna Caraka. Ditulis deui ku Zaénal
M. Tonton jadi naskah drama.
Cék Fahmi Capung, nu nyutradaraan ieu pagelaran,
ngahaja dipilih seni longsér téh keur ngawanohkeun deui ieu seni tradisi nu
kiwari nasibna pikamelangeun.
“Sangkan balaréa apal kumaha seni
longsér,” cék Fahmi nyarita ka SundaNews di satengahing acara pagelaran, Rebo,
28 Nopember 2012.
Patali jeung bahan carita nu bahanna
meunang ngadaptasi tina novel Sunda, Fahmi nyarita, aya pesen moral nu nyampak
dina carita éta novel nu luyu jeung kaayaan kiwari. Najan éta novel téh ditulis
di alam bihari.
“Ieu novel téh medar perkawis kahirupan
sosial, kumaha bobrokna pamaréntahan jeung kahirupan rahayatna,” cék Fahmi.
Ieu carita téh medar lalakon hji dalem
(pajabat) nu kabeukina barang dahar bari teu paduli ka rahayatna. Alatan
makmak-mekmek teuing barangdahar, manéh gering parna. Ditambakeun ka nu bisa,
ubarna téh teu pira, dalem kudu indit saba pilemburan, nyamar jadi rahayat
salila tilu poé.
Sabot keur milemburan, dalem panggih
jeung patani. Éta patani téh nyarita yén manéhna téh nu ngagarap sawah bogana
dalem. Tuluy nyarita deuih yén hiji mangsa kungsi kadatangan budakna dalem nu
hayangeun ka budakna sarta ménta kawin. Tapi manéhna teu mikeun. Alesanana mah,
lain teu hayang boga minantu ka anak dalem. Sabab anak dalem mah can tangtu
daékeun macul jeung ngurus sawah. Saha engké nu bakal melak paré keur balaréa?
Ieu pagelaran longsér téh minangka
program gawé Téater Sambada nu diayakeun kalayan rutin saban taun. Dina
pagelaran nu ayeuna mah, cék Fahmi, para pamaénna husus ti anggota entragan nu
alanyar. Ngalibetkeun teu kurang ti 19 urang pamaén.
Komentar
Posting Komentar